[Pernak Pernik Basa] Paribasa jeung Babasan (Teu kenging OOT!!)
Para wargi sadaya, sapertos kauningan ku sadaya reh Basa Sunda teh leubeut tur beunghar sarta kumplit sagala aya.
Di dieu pribados nyobian medar salasahijina nyaeta paribasa sareng babasan.
Mangga anu uninga sababaraha paribasa atanapi babasan dipedar di dieu.
Disuhunkeun teu kenging seueur teuing OOTna, sakedik mah teu sawios etang-etang hiburan.
Conto paribasa :
1. Siga bueuk meunang mabuk, hartina : cicing, tungkul teu bisa nyarita ku sabab era atawa sieun.
2. Siga gaang katincak, hartina : sepi jempling euweuh sora.
Conto babasan :
1. Lemes dusun, hartina : basana mah lemes tapi salah ngalarapkeun.
Sakitu heula, mangga anu sanes diantos.
|