View Single Post
Old 28th October 2009, 12:33
#283  
ujangjhoni
Registered Member
ujangjhoni is offline

Join Date: Oct 2009
Posts: 1
ujangjhoni is a new comer

Default Jurig tanjakan sisi Citarum

Nyaritakeun pangalaman panggih jeung jurig, akang yeuh boga pangalaman. Pangalamanna kieu ...Akang harita keur jaman jadi guru honor di salah sahiji SMP negeri di bandung, boga babaturan nu sarua guru honor (4 urang lalaki kabeh). Lamun ulin teh sok abring-abringan bari momotoran. Ari akang motor teh ti jaman baheula keneh resep make vespa. Nya apal meureun ayi oge ari vespa taun 70 an mah, utamana lampuna sok ngetetet siga lilin. Duka meureun pedah vespa akang mah butut atawa spulna geus goreng patut. Hiji waktu akang arulin ka babaturan (sok disebut si ustad) nu imahna deukeut sisi citarum daerah Katapang - Soreang Kabupaten Bandung. Ari ngobrol jeung babaturan tea kadang mah sok teu inget waktu. Nya wanci isya akang saparakanca pamit ka si ustad rek baralik. Akan mah sok panghareuna ari balik teh sabab bisi mogok motorna, sedengkeun ti tukang babaturan akang (sabab motorna alus jeung lampuna caang) anu katelah si bungsu. Dina tanjakan sisi Citarum nu rek naek ka daerah komplek (akang poho deui ngaranna) akang reuwas sabab sisi jalan lebah katuhu aya haseup ngelun jeung katingali aya sirah jelema. Rek naek tanjakan teh jadi ragu-ragu sabab sieun. Tungtungna vespa akang lalaunan naekna bari nungguan motor si bungsu anu lampuna caang. Ari bray teh lampu motor si bungsu nyaangan eta haseup ... sihoreng teh aki-aki cingogo keur ngising bari udud ...

Last edited by ujangjhoni; 28th October 2009 at 12:49..
Reply With Quote