Kaunikan DF Sub Regional Bandung
Saparantos ngurilingan sakuliah dunya Detik Forum, akang gaduh kacindekan sorangan ngeunaan Sub Regional Bandung anu rada unik.
Upami di Sub sanes mah biasana seueur trit (bacaan bebas tina "thread") tapi sakedik anu mosting jawaban (reply) kumargi kauger ku judul trit, tah di Sub Regional Bandung mah benten pisan, margi sadaya trit tiasa dianggo ngabahas naon wae sanaos eusina mah 80% malih langkung KTT wungkul, teu kauger ku judul trit.
Tina kacindekan eta, akang ningali yen salahsahiji kaunikan eta anu janten daya tarik kanggo urang Sunda, tangtosna anu saaliran sareng akang.
Cindekna mah DF Sub Regional Bandung mah hebring we .....
Manawi aya pamendak sanes ti wargi sadayana? Mangga didongengkeun di dieu.
|