View Single Post
Old 27th November 2007, 14:56
#1  
abah_anom1
Addict Member
abah_anom1 is offline

abah_anom1's Avatar

Join Date: Nov 2007
Location: Abah..tinggal di kota Bandung...( Kota Tercinta )
Posts: 116
abah_anom1 is a new comer

Send a message via Yahoo to abah_anom1
Default Pangalaman nu tos pependak sareung makhluk Ghoib didieu tempatna !!!!!

Yua..ah baraya urang silih tukeran pangalaman..ngenaan manggihan atanapi kapanggih jeung makhlik ghoib


Yeuh Abah heula ( Ieu asli Nu ku abah di alaman )
caritana di hiji tempat kos2 an di daerah bandung..( moal di sebutkeun kos2 an daerah manana )

kajadiannana masih haneut pas keur bulan agustus 2007 poe senen malam salasa..jam 01.00 ( kurang lebih )...
keur waktu itu saya ulin di babaturan kostan di bandung...ku sabab ulinna peuting teuing nya saya teu balik ka imah lantaran di carek ku barudak..jadi we abah nginep di eta kos2an.. jam 11 peuting saya meuli dahareun ka hareup da warungmah geus tarutup...tujuan neangan nasi goreng ....nya meunang di pas tanjakan eta jalan..aya nu nanggung nasi goreng...pas keur nungguan we saya teh ieu nasi goreng.. aneh tapi nyata ieu panon hayang wae nempo ka kenca nyaeta nempo imah nu geus teu di isian deui ( suwung =bahasa jawanamah)...hatemah asa sieun..nya kapaksa we nempo.....pas nempo...eweuh nanaon...ngan ukur poek wungkul....di tambah aya 1 tatangkalan anu geus leubeut ku buahna ( jambu aer ).....

sinkat carita...20 menitan nasi goreng anggeus ( 5 bks )..balik we saya teh ka kos an...bari beuteung geus teu kuat laper.....jam 12 kurang 1/4 saya geus aya di kos an...pas di eta tempat barudak areweuh..teuing kamana...
naek we saya teh ka kos an nu di luhur ka tempat babaturan anu tadi pesen..nasi goreng..di konci kamarna...nya puguh we saya keueung da sorangan di kos an ...mana jam 12 peuting...

pas nempo ka handapeun panto babaturan aya tulisan...dina kertas salembar
ieu tulisanna nyuruh saya mawa ieu nasi goreng ka kos an nu aya di handap ( beda kos an )....kapaksa we saya teh ka handap....15 menitan leumpang menuju ka eta kos an.... pas di gang nu rek asup ka eta kos an..hate asa beurat hayang nempo ka tukang..jeung bulu murinding.. asa tariis pisan..
ah..ku saya teh dibangbrahkeun we ambeh teu sieun...eh..kalakah tambah sieun...nya kapaksa sya teh bari maca Bismillah nempo ka tukang...

Bleg..bleg..Bleg... teh...saya kaget nempo " KUNTILANAK " nu keur cicing pipir imah ....saya jujur we ieumah ( ngompolan maneh... ) rek lumpat kumaha da asa beurat...rek ngajorowok teu bisa asa teu bisa ngomong...rek maca ..sabaca-baca teu bisa....akhirna saya ngan ukur bisa peremkeun panon
bari kesang jeung cai ompolmah ngahiji..geus teu paduli rek garatel..nu peunting bisa salamet ti eta KUNTI...

pas bentakeun panon saya kaget aya di imahna pak Rt setempat...
nya di bejaan yen 1 jam saya pingsan teu sadar di pipir imah kosong
sampai ka ayeuna saya embung deui papanggih nu kitu

tah kitu nu ku alaman ku saya papanggih jeung nu ngaranna KUNTILANAK






sok nu sanesna ... pangalamannanan di antos di dieu
Reply With Quote