Resto Raja Melayu, payuneun masjid Istiqomah : rupi2 katuangan Sumatera, ti Aceh dugi ka Lampung. Musholana merenah. Kualifikasi : A.
*
bade ngajak neng Bitah tacan kajantenan wae.....
Resto Sunda Bancakan, Jalan Trunojoyo. Aya goyobod, cingcau, pais peda, jsb. Nganggo piring & cangkir kaleng nu tos barohak. Tiasa calik na korsi kai, tiasa oge lesehan. Dina spanduk diserat :
"Omat...upami tuang 5 ulah ngaku 1, sing karunya ka emang. Da Gusti mah Maha Uninga. Ha..ha..ha..".....
....Kualifikasi : B
Resto Sunda Sambhara, pagigir-gigir sareng Bancakan, mung langkung mewah interior ruang sareng pakakasna. Kualifikasi : A.
CAFE & PUB ARISAN Katuangan Eropa ieu mah, da steak oge tiasa milih lokal atanapi impor. Lantai hiji kanggo tuang, lantai 2 langkung cocok kanggo ngaleueut bari nyaksian band. Pelayanan
high-class, parkir mobil teu kedah ku nyalira asal mayar pami uihna, da teu tiasa nganjuk...