Katingali euy barudak DF regional Bdg teh keur leutikna bararaong
Sayah mah baheula mun teu boga gelasan jang maen langlayangan, sok "ngabedol" gelasan batur, nu karek eleh ngadu langlayangan
. Babaturan mah tepi ka aya nu raheut leungeun-na pedah nu karek eleh teh make kincir ngagulungan-na. Mun sayah mah atuh make gunting, bari cicing di luhureun kenteng.
Mun geus digunting, diantepkeun heula 15 menit, da nu bogana sieun datang, heu... heu... Mun kaayaan geus aman, kakara dipulut.
Tah... mun aya langlayangan eleh, terus bola-na panjang, sok tara diboro ku sayah mah. Nu boga na teh sok datang, terus dipenta deui eta langlayangan teh jeung gelasan-na, pajarkeun mah di-sasar ceunah. Kalahkah cape hungkul weh nu kitu mah.