Quote:
Originally Posted by sinyoh
wahhh nu paling dipikareuseup ku abdi mah baheula sok mulung langlayangan anu ngaradu ,,,,..lulumpatan dina galengan sawah batur nu anyar tanur,.....mun langlayanganana kabeneran muragna di tengah sawah ... jlung jleng barudak jeung kuring eta luncat ka tengah sawah nu anyar di tanuran tea,....
leutak we hungkull balik teh,...carekan weh ku kolot,...
|
puguh atuh ieu mah kaulinan sapaket biasana mun teu gaduh acis moal ngarenghik nyuhunkeun langlayangan kantun kasawah, moro we haratis bari nyandak jeujeur sareng urek, mulang teh tiasa nyandak langlayangan, belut sareng lauk, mun ngusep teu weleh seu'eur tah kengeng laukna lantaran abdi mah 2 nyandak jeujeurna 1 di anclomkeun ka susukan 1 deui kabalong matak teu weleh seu'eur laukna, tapi kapok dibeberik kunu boga balong bari ngacungkeun bedog mah