View Single Post
Old 22nd November 2007, 11:01
#95  
Ulukutek Leunca
Addict Member
Ulukutek Leunca is offline

Join Date: Oct 2007
Posts: 964
Ulukutek Leunca is a celebrityUlukutek Leunca is a celebrity

Default

Aya deui yeuh ka ulinan urang keur leutikmah, peperangan make awi suplit pelorna tina taneuh korang (taneuh urut ngeduk sumur) atawa make buah saliara, ieu yeuh nu rame mah lantaran loba batur bari jeung asruk-asrukan ka kebon mun alus milik balik kaimah teuweuleh ngajingjing su'ung euy, komo mun tos peutingna aya hujan mah sok loba su'ung na teh, balik langsung ku indung di pangmasakeun tah su'ung teh, lekasan mandi angeun su'ung asak langsung ngadekul dahar cecelebekan pedo pisan dahar jeung su'ung, apal meureun geus ulin sapoe jeput tea laparna teu katulungan , geus teu meunang aya nu nyoro tah sakatel leutik beak kusorangan, ngan hanjakal ayeunamah kebon jeung sawahna geus rentul ku imah, ah geus moal nyorang deui we manggihan su'ung bulan.
Reply With Quote