oh eneng teh palay didongengan?
ku akang dibalakan atuh, kieu dongengna :
Kocapkeun barang datang ka kantor nyampak meja pabalatak, cai nginum kosong, komputer hurung. Nyel teh keuheul, naon gawena OB ari ngaberesan meja wae teu beres. Nya akang teh telepon we ka pantry tempat OB biasana mangkal. Barang diangkat langsung we nyarita semu keuheul tea : "Euy ari maneh gawe teh kumaha atuh, maenya meja dewek diantepkeun pabalatak?".
"Ke la, saha ieu?" ceuk sora dipeuntaseun telepon. Aduh ngagebeg euy ... nu ngangkat telepon di pantry teh dunungan. Bari arapap-eureupeup akang ngajawab :"Duh hapunten bapa, manawi teh barudak OB ...", sigana mah harita teh beungeut euceuy, untung we di rohangan akang teh ngan sorangan.
Kitu tah dongengna ...
Kumaha cekap?
|