DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Pernah Traveling Kamana Wae? (http://forum.detik.com/showthread.php?t=24736)

LunES 14th February 2008 09:43

Pernah Traveling Kamana Wae?
 
Abdi bade naros yeuh ka sadayana di DFRB, pernah traveling kamana wae? Cenah orang sunda mah terkenal sebagai orang yang tidak suka berpetualang alias teu resep ngumbara ka negri orang. Tapi da saya mah resep berpetualang teh tapi waktu jeung dompet can ngijinan. Jadi nembe traveling paling tebih ka arah timur ka Surabaya, arah kulon ka Banten. Hiks :bigcry: can pernah kaluar ti pulau jawa. :bigcry:
Sok ah, nu sanes pernah traveling kamana wae?
Mun nu gaduh pengalaman backpacking, kasi2 info-nya terutama mun nu di indonesia, nya bali-lombok, mun luar negeri ASEAN lah.
Tapi pami pernah ka amerika, eropa, dsb, sok atuh bagi2 pengalamannya.
Hatur Nuhun.

hishigi-mibu 14th February 2008 09:56

pernah ka perbatasan malaysia di nunukan

koeya_bathox 14th February 2008 10:00

ari travelling mah jarang, baheula sering ka luar kota atawa luar nagreg teh ukur tugas kantor, jadi tara sempet ningali tempat2 wisatana. da waktuna kauger ku pagawean tea.

gimbal1 14th February 2008 10:00

ka daerah sumatera mapai mapai ti palembang, jambi nepi ka daerah perrbatasan padang''' lewat jalur lintas tengah.nu saya aneh pas didinya jalana di lingkup ku leuweung jeung hutan sawit tapi langsung bros ka kota gede...cenahmah etateh daerah trans tapi nu maju, asalna tersembunyi tapi karna maju jadi weh kota di tengah leuweung jeung kebon sawit....jeung abong abong daerah trans nyak, ngaran daerrah nateh loba nu nyokot ti basa jawa ato ngaran daerah di jawa....

hishigi-mibu 14th February 2008 10:01

Quote:

Originally Posted by gimbal (Post 1163627)
ka daerah sumatera mapai mapai ti palembang, jambi nepi ka daerah perrbatasan padang''' lewat jalur lintas tengah.nu saya aneh pas didinya jalana di lingkup ku leuweung jeung hutan sawit tapi langsung bros ka kota gede...cenahmah etateh daerah trans tapi nu maju, asalna tersembunyi tapi karna maju jadi weh kota di tengah leuweung jeung kebon sawit....jeung abong abong daerah trans nyak, ngaran daerrah nateh loba nu nyokot ti basa jawa ato ngaran daerah di jawa....

eta keur gawe ngarit jukut nya mang?

chebonk 14th February 2008 10:04

pernah ka BIP, BSM, IP, PVJ, BEC... sagala macam FO, distro dll....

maklum urang teh ti jatinangor, jadi ka bandung itunganna travelling :lol::lol::lol:

FIM 14th February 2008 10:07

Baheula mah keur jaman Kuli keneh..pernah dua minggu traveling ti Bandung,jogja,malang,Probolinggo (naekan Bromo,semeru teu jd),terakhir di Bali..balik ka imah duit tinggal 20 rbu,,ayna mah paling2 ka surabaya pang jauhna...

koeya_bathox 14th February 2008 10:12

terakhir travelling teh basa lebaran, ka situ patenggang ....

gimbal1 14th February 2008 10:14

1 Attachment(s)
trus ka daerah luwuk di sulawesi tengah nu ayna hayang misahkeun diri jadi sulawesi timur ngan ka ganjel ku poso nu sarua hayang jadi ibukota provinsi sulawesi tengah.... pokona ngeunahen lah didinyamah unggal peo ngadahar lauk laut bakar nu seger keneh, murah deuih 20 rebu teh meunang lauk sagede pergelangan tangan...

pemandangan nage pol pisan soalna daerah etahteh lembah gunung tapi langsung di sambung ku teluk jadi mun mapai mapai jalan di kiri aya gunung pas ningali ka kanan aya pantae.....

tah ieu pemandangan ti pesawatna

http://forum.detik.com/attachment.ph...1&d=1202955219
luwuk.jpg

gimbal1 14th February 2008 10:16

Quote:

Originally Posted by hishigi mibu (Post 1163634)
eta keur gawe ngarit jukut nya mang?

lain,,, eta keur saya leungit batu ali:smoking:

Bibal 14th February 2008 10:29

JOGYA !!! :D

trs.. MEDAN jeung JAMBI

koeya_bathox 14th February 2008 10:44

akang nembe aplot poto enggal di album kegiatan, mangga ditingali sareng dikomentaran, sareng diantos kintunan cendolna ...

agescool 14th February 2008 14:03

anu paling berkesan mah pas susur pantai ti meru betiri ka banyuwangi....medan na wedan pol!

chimotqoe 14th February 2008 14:14

travelin' ka pulau kapuk,,,,
:getok:

protrek 14th February 2008 14:28

ngiringan ah, abdi kantos sumatra ka riau, jambi, palembang, bengkulu, lampung. kalimantan ka kaltim, kalteng, kalsel (kalbar acan :(), sulawesi ka donggala, irian jaya ka Merauke distrik Tanah merah jeung Manggelum, ka bali teras Lombok, teras jateng, jatim.. daerah2na paroho deui, tapi tiket2na mah disimpen keneh ku sayah :lol:

hishigi-mibu 14th February 2008 15:16

Quote:

Originally Posted by protrek (Post 1166154)
ngiringan ah, abdi kantos sumatra ka riau, jambi, palembang, bengkulu, lampung. kalimantan ka kaltim, kalteng, kalsel (kalbar acan :(), sulawesi ka donggala, irian jaya ka Merauke distrik Tanah merah jeung Manggelum, ka bali teras Lombok, teras jateng, jatim.. daerah2na paroho deui, tapi tiket2na mah disimpen keneh ku sayah :lol:

naon didinya teh surveyor?

protrek 14th February 2008 15:19

ah kuli manggul sayah mah :lol: Geos bro, exploration Geos :)

hishigi-mibu 14th February 2008 15:22

Quote:

Originally Posted by protrek (Post 1167335)
ah kuli manggul sayah mah :lol: Geos bro, exploration Geos :)

wah keren lah gaweanana mah

JawaRa 14th February 2008 15:25

Quote:

Originally Posted by chimotqoe (Post 1165877)
travelin' ka pulau kapuk,,,,
:getok:

pulau kapuk mah kasur ateuh meureunan....:getok:

traveling.....ka JKT, Majalengka, ciwidey, trakhir pelabuhan ratu

protrek 14th February 2008 15:26

^ah henteu bro bakat ieu mah, bakat ku butuh :lol:

hishigi-mibu 14th February 2008 15:29

Quote:

Originally Posted by protrek (Post 1167493)
^ah henteu bro bakat ieu mah, bakat ku butuh :lol:

tapi ngeunah bisa keliling nusantara nya sayah mah ngan jawa-bali-sumatera-kalimantan hungkul :bigcry:

JawaRa 14th February 2008 15:31

Quote:

Originally Posted by hishigi mibu (Post 1167592)
tapi ngeunah bisa keliling nusantara nya sayah mah ngan jawa-bali-sumatera-kalimantan hungkul :bigcry:

sakitu ge mneh dibayaran ku kantor heu'euh...........:p

hishigi-mibu 14th February 2008 15:33

Quote:

Originally Posted by JawaRa (Post 1167634)
sakitu ge mneh dibayaran ku kantor heu'euh...........:p

lumayan bari jalan jalan jay :lol:

protrek 14th February 2008 15:40

heuuh eta nu diteang mah, jalan2 bari dibayar hehehehehe ;)

protrek 14th February 2008 15:41

Quote:

Originally Posted by hishigi mibu (Post 1167592)
tapi ngeunah bisa keliling nusantara nya sayah mah ngan jawa-bali-sumatera-kalimantan hungkul :bigcry:

eta ge geur kukurilingan atehhhh :getok: :lol:

hishigi-mibu 14th February 2008 15:43

can nyobaan sulawesi-ntb/t-maluku jeng irian yeuh

protrek 14th February 2008 15:46

mataram lah recomended mah bro, bule2na masi pada berani diditu mah :lol:

hishigi-mibu 14th February 2008 15:47

Quote:

Originally Posted by protrek (Post 1167985)
mataram lah recomended mah bro, bule2na masi pada berani diditu mah :lol:

di senggigi apa dimana?

protrek 14th February 2008 15:52

senggigi tapi geus rame ayeunamah, cobaan ka gili trawangan, gili air, kute lombok, bari mawa poto sugan weh aya bule edan :lol: :cheers:

hishigi-mibu 14th February 2008 15:53

Quote:

Originally Posted by protrek (Post 1168114)
senggigi tapi geus rame ayeunamah, cobaan ka gili trawangan, gili air, kute lombok, bari mawa poto sugan weh aya bule edan :lol: :cheers:

aya nu ditaranjang boa nya bule na :smoking:

protrek 14th February 2008 15:55

hehehehe diditu mun teu salah rea keneh "privat beach" anu tukangeun vila anu di sewa :lol: tah sugan weh mun beruntung aya nu taranjang :cheers:

ti_sibaong 14th February 2008 15:57

Lamun kuring sakuriling ibukota di Jawa parantos sadeana upami di luar Jawa nembe ka Medan, Makassar, Mataram, Bali, Halmahera jeung nu pang kapikiran mah Sampit (sangeus karusuhan etnis tea).

LunES 15th February 2008 09:32

Quote:

Originally Posted by protrek (Post 1166154)
ngiringan ah, abdi kantos sumatra ka riau, jambi, palembang, bengkulu, lampung. kalimantan ka kaltim, kalteng, kalsel (kalbar acan :(), sulawesi ka donggala, irian jaya ka Merauke distrik Tanah merah jeung Manggelum, ka bali teras Lombok, teras jateng, jatim.. daerah2na paroho deui, tapi tiket2na mah disimpen keneh ku sayah :lol:


hebat euy, dari sabang sampe merauke...eh sabangna acan nya?
di manggelum aya naon? teu sieun ka irian, bisi weh dipanah racun ku suku didinya :lol: :getok:

LunES 15th February 2008 09:33

Quote:

Originally Posted by koeya_bathox (Post 1163622)
ari travelling mah jarang, baheula sering ka luar kota atawa luar nagreg teh ukur tugas kantor, jadi tara sempet ningali tempat2 wisatana. da waktuna kauger ku pagawean tea.

sok atuh kamana wae ka luar nagregna kang koeya teh?
abdi mah kamari nembe traveling ti cipulir ka menara batavia :lol: :getok:

hishigi-mibu 15th February 2008 10:22

Quote:

Originally Posted by LunES (Post 1178310)
sok atuh kamana wae ka luar nagregna kang koeya teh?
abdi mah kamari nembe traveling ti cipulir ka menara batavia :lol: :getok:

emh ieu mah travel na ge mun teu naek Mayasari Bakti atwa Bianglala jurusan Senen - Ciledug nyak :getok:

gimbal1 15th February 2008 10:24

Quote:

Originally Posted by hishigi mibu (Post 1179182)
emh ieu mah travel na ge mun teu naek Mayasari Bakti atwa Bianglala jurusan Senen - Ciledug nyak :getok:

sampingan kenek yeuh.........

ke urang nebeng nyak

hennysh 15th February 2008 10:35

Quote:

Originally Posted by hishigi mibu (Post 1168160)
aya nu ditaranjang boa nya bule na :smoking:

aya kang...namina buleaya = bule na buaya :devilish:

traveling nu teu acan teh ka irian we...

da di bandung mah teu aya jalan IRIAN :)

hishigi-mibu 15th February 2008 10:50

Quote:

Originally Posted by hennysh (Post 1179465)
aya kang...namina buleaya = bule na buaya :devilish:

traveling nu teu acan teh ka irian we...

da di bandung mah teu aya jalan IRIAN :)

hmmm hmmm hmmm :lol:

koeya_bathox 15th February 2008 10:51

Quote:

Originally Posted by LunES (Post 1178310)
sok atuh kamana wae ka luar nagregna kang koeya teh?
:lol: :getok:

ada azzahh, moal diwartosan ah sieun disuhunkeun oleh-oleh ...



:devilish:

hishigi-mibu 15th February 2008 10:56

Quote:

Originally Posted by koeya_bathox (Post 1179753)
ada azzahh, moal diwartosan ah sieun disuhunkeun oleh-oleh ...



:devilish:

paling ka timor timur :lol:


All times are GMT +8. The time now is 10:54.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.