DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Pangalaman nu tos pependak sareung makhluk Ghoib didieu tempatna !!!!! (http://forum.detik.com/showthread.php?t=6483)

botaxx 27th November 2007 23:06

Yeuh baraya....urang mah pernah manggihan nu kituw. Kieu carita na nyak :

Geus lila sih kajadianna tapi nepikeun ka ayeuna sok kabayang keneh, basa eta urang jeung babaturan naek mobil ti arah cigadung rek ka lembang harita teh masih keneh jam 1/2 8 peuting. Mimiti mah urang meunang telpon ti babaturan urang ngomong kieu "tak, kita pada pergi ke lembang nih kita ketemu nya di ayam goreng brebes aja yah" ari ceuk sayah teh,"ok, siap lah".

Pas di jalan cigadung raya barat teh, babaturan urang nu mawa mobil rek mengkol ka arah jalan tubagus ismail bari jeung maksudna teh rek ngaliwat setiabudhi, trus urang ngomong kieu, "leumpeng leuwih deukeut tapi rada sieun yeuh mun leumpeung mah sabab laen sieu ku jelma tapi ku nu goib."
Dina eta mobil teh aya 4-an sabab, mobil na teh jeep wrangler (nu babaturan sayah,sanes nu sayah). Akhirna 3-an teh satuju jalanna leumpeung teu mengkol ka arah tubagus ismail.
Tah pas mobil jalan leumpeung trus di daerah sekitar lapangan golf nu di Dago, ngadadak eta mobil teh pareum alias mogok padahal beurangna teh geus sempet di service tapi naha ieu bisa mogok. Jeung posisi mobil teh dina tanjakan, pas ku babaturan teu ngajejek rem trus rem tangan di lepaskeun jeung perseneleng di netralkeun anggeur we mobil teh cicing teu maju.

Urang diuk di hareup bari ngarokok, trus pas ningali kabeulah kenca kan loba jukut nu geus jarangkung ari sihoreng teh ngadadak turun kituw siga katembak ku angin padahal harita teh euweuh angin. Na ari pas di tingali bijil kain kafan nu culang cileung bari jeung kaku kituw gerakanna teh, ari babaturan urang mah acan sadar yen aya pocong di gigir beulah kenca teh. Babaturan urang geus nitah urang turun ti mobil bari jeung buka kap mobil, tpi da urang mbung sieun euy asli.

Pas geus kituw si pocong teh ngajleng ka tengah jalan geus kitu ngajleng ka mobil cicing dina kap mesin, eta mah langsung 4-an nu di jero mobil cicing siga patung rek kaluar ti mobil bisi labuh, rek ngagorowok euweuh imah penduduk, ulah waka maca ayat kursi, alfatiah oge apalna ngan hareupna hungkul. Asli eta pocong teh cicing dina kap mesin aya nepikeun ka 15 menitan, geus 15 menitan karek ngajleng ka tukangeun mobil geus kituw ngaleungit. Di dinya mobil teh ngadadak mundur trus di hurungkeun mesinna ku babaturan bari ngebut.

Mang sih aya nu ngomong mun urang ningali nu kituw moal matak paeh atawa maot, tapi ku tingkah pola urang sorangan nu bisa urang cilaka teh. Jeung ALLAH S.W.T nyiptakeun manusia jeung jin ceunah ieu mah nu kituw teh perwujudan bangsa na jin.

angkelprog 27th November 2007 23:39

Penting na mah Urang ulah kosong teuing (ngalamun),sing inget ka Gusti Alloh,Qtu:cheers:

herdianz 28th November 2007 09:42

eta mobil ge matak paeh & cicing di tanjakan tanpa rem sigana mah mobil na ge soak, reuwas, nepi ka cicing kaku ngajedog na tanjakan , hihihi

cep.otsmar1 28th November 2007 10:02

bisa jadi da mobilna ninggali/ngambu ti heula jadi soak...

untung cicing dina kap,
kumaha lamun asup kajero mobil hayang nyupiran?
atawa asup kana mobil hayang milu k Ayam brebes?

herdianz 28th November 2007 10:06

mun cobian pesek heula, sugan we leupet, lain pocong ....

Ulukutek Leunca 28th November 2007 10:07

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 239404)
bisa jadi da mobilna ninggali/ngambu ti heula jadi soak...

untung cicing dina kap,
kumaha lamun asup kajero mobil hayang nyupiran?
atawa asup kana mobil hayang milu k Ayam brebes?

ah di traktir we sakalian da keur boga duit :lol:

geboy 28th November 2007 11:15

moga-moga ogud mah tong aya pangalaman sareung anu araneh, da di Forum ieu oge tos pendak sareung jalmi araraneh :lol: :lol:

agescool 28th November 2007 11:18

Quote:

Originally Posted by botaxx (Post 237725)

Pas geus kituw si pocong teh ngajleng ka tengah jalan geus kitu ngajleng ka mobil cicing dina kap mesin, eta mah langsung 4-an nu di jero mobil cicing siga patung rek kaluar ti mobil bisi labuh, rek ngagorowok euweuh imah penduduk, ulah waka maca ayat kursi, alfatiah oge apalna ngan hareupna hungkul. Asli eta pocong teh cicing dina kap mesin aya nepikeun ka 15 menitan, geus 15 menitan karek ngajleng ka tukangeun mobil geus kituw ngaleungit. Di dinya mobil teh ngadadak mundur trus di hurungkeun mesinna ku babaturan bari ngebut.

si pocong teh tiiseun mereun....pan haneut mun diluhur kap mesin mah...

Ulukutek Leunca 28th November 2007 11:22

Quote:

Originally Posted by agescool (Post 240322)
si pocong teh tiiseun mereun....pan haneut mun diluhur kap mesin mah...

pocong na urut montir mobil rek muka kap hese da leungena kabeungkeut, sabeune'rna mah lain rek nyingsieunan tapi rek nulungan karunyaeun mobilna mogok ngan penumpangna we borangan!

cep.otsmar1 28th November 2007 11:34

Quote:

Originally Posted by geboy (Post 240280)
moga-moga ogud mah tong aya pangalaman sareung anu araneh, da di Forum ieu oge tos pendak sareung jalmi araraneh :lol: :lol:

he euh beneur....


All times are GMT +8. The time now is 23:29.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.