DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Pangalaman nu tos pependak sareung makhluk Ghoib didieu tempatna !!!!! (http://forum.detik.com/showthread.php?t=6483)

herdianz 27th November 2007 17:21

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 234993)
Naha jeung jeung sieun... maksudna sieun ditampiling deui...

Tong sieun da geus ditampiling na mah ayeuna tinggal ngadongengkeuna...
Sok mang ditungguan..

*********
Eta Avatar geus ganti ku ucing garong

heuheu, ganti suasana lah avatar na diganti ....

ieu mah basa SD duka kelas 3/kelas 4... kuring cicing di hiji imah nu ceuk tatangga mah sanget/angker... ceuk tatangga mah sok aya aki2 na suhunan imah kuring, si mamah ceunah sok ngadenge sora orok / sora kunti di tukangeun imah, padahal tukangeun imah teh susukan nu rada gede ...

tah ceuk beja ti aki mah cenah nu sanget teh kamar kahiji nu panggedena .... tah hiji waktu kuring sare didinya peuting2, pedah kasarean eta ge, padahal biasana mah boro2 wani, kuring mah sieunan baheula mah...

pas tengah peuting kuring lilir, aya ngolebat hareupen kuring jug "Gelepaaaaakk !!!" kuring aya nu nampiling.... spontan leweh da nepi ka bareuh na ... mamah langsung nyampeurkeun bari mawa balsem ngubaran pipi nu kembu.... kuring ceurik we tuluy,.. mamah wirid we gigireun.... nepi ka sare na deui tah kuring teh ....

isukna kuring mah asa ngimpi we kajadian teh, nyarita ka si mamah, apekteh ceuk mamah teh da lain ngimpi eta mah ....

kitu kang ncep, ti harita beuki embung we ulin ka kamar hareup teh ...

ngan tos pindah sih pas SMP ge ti imah eta teh ...

cep.otsmar1 27th November 2007 17:27

eta pangalaman.. kira2 kaalaman ku anu cicing anyar...

AWAS... eta gigireun bisa aya anu nampiling deui...

herdianz 27th November 2007 17:31

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 235197)
eta pangalaman.. kira2 kaalaman ku anu cicing anyar...

AWAS... eta gigireun bisa aya anu nampiling deui...

duka atuh da kuring rada jauh pindah na ...

ieu gigireun mah nu nampiling na si eneng, pajarkeun teh cenah kuring ngabohong ngaku jomblo keneh ... :D

asgartea 27th November 2007 17:32

Ari eta gigireun kan Ncep saha ?? :devilish:

cep.otsmar1 27th November 2007 17:50

Ngaku jomblo padahal mah pamajikan ngan 1..
hiji di Jkrt...1 di Bandung....1 di Cianjur... 1 di Bogor...
ah cukup we hiji...
***
Ari gigireun kuring mah KUNTO.... salakina KUNTI...

sibaong 27th November 2007 20:43

Can boga pangalaman, jeung teu daek boga pangalaman siga kieu. :piss:

dhukhun 27th November 2007 21:40

teu HAYANG papanggihna ge.. amit amit deeeeeeeeeeh

angkelprog 27th November 2007 22:41

Lamun ditampiling ku jurig nu geulis mah...duka

agescool 27th November 2007 22:45

kamari pas poe minggu saya ge kepergok pisan di jalan...
pedah hilap teu mawa sim...jadi we kudu kaluar duit ceban...

eeh..sory..sory...soal mahluk ghaib ieu teh?
sugan teh soal polisi...asa sarua soalna...hehehehehe...

angkelprog 27th November 2007 22:51

Mun aya razia tengah peuting,meureun eta teh jurig nu mang rupa polisi


All times are GMT +8. The time now is 01:52.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.