DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Carita-carita lucu ... (http://forum.detik.com/showthread.php?t=8098)

herdianz 10th December 2007 10:36

Carita-carita lucu ...
 
Quote:

Pendahuluan

Heureuy Sunda

Cenah urang Sunda mah teu bisa leupas tina heureuy, sabab eta teh geus jadi sakulit sadaging. Lain urang Sunda mun teu bisa heureuy. Di mana wae, dina kasempetan kumaha wae, pasti aya heureuyna. Nepi ka ayeuna kuring teu nyaho, ku naon pangna kitu.

Dina dunya lawak nasional, pangaruh heureuy Sunda teu bisa dilalaworakeun. Sebut wae upamana grup lawak de Bodor (Abah Us us saparakanca) atawa de Kabayan (Kang Ibing saparakanca). Maranehanana bisa disebut panaratas dina ngawanohkeun kasundaan sacara nasional. Mun teu salah, De Kabayan lahir tina acara bobodoran di radio Mara Bandung. Malah nepi ka kiwari, Kang Ibing jeung Aom Kusman, dua di antara personil De Kabayan, masih pirajeunan siaran di Radio Mara.

Taun 90-an, grup bodor Sunda kungsi nyirorot pamorna, kasilih ku Srimulat, bobodoran dina nuansa Jawa. Mahabu malah, nepi ka acara-acara bodor atawa lawak dina TV didominasi ku Srimulat atawa para anggotana sacara pribadi.

Basa Srimulat mimiti nyirorot pamorna, grup bodor Sunda nguniang deui. Upamana bae grup P Project, nu sanajan ngaranna make basa Inggris, tapi bobodoranana tetep nyoko dina bobodoran Sunda nuansa modern. Idiom-idiom Sunda mimiti akrab dina pentas bodor nasional. Grup anu tadina dingaranan Padhyangan ieu oge asalna tina acara bobodoran di radio Oz Bandung, Ozerba. Personilna campuran mahasiswa Unpad jeung Unpar. Sering manggung di kampus kampus di Bandung. Awal karir nasionalna dimimitian basa dikontrak ku SCTV. Ti dinya ngaran Iszur, Denny Chandra, jeung Joe saparakanca geus jadi sabiwir hiji. Nya kelompok ieu pisan nu mimiti ngagarap bodor sacara daria. Maranehanana ngabogaan sababaraha divisi pikeun ngagarap ilustrasi musik, sound effect, kostum, naskah jsb.

Kabehdieunakeun aya acara Extravaganza di Trans TV. Pamaenna didominasi ku urang Sunda. Beda ti kalolobaanana grup lawak saperti Srimulat upamana, extravaganza ngandelkeun script tur teu kaci loba teuing improvisasi. Ku sabab loba urang Sundana, grup atawa acara ieu oge karasa pisan nuansa Sundana.

Basa TPI ngayakeun Lomba Lawak API (Audisi Pelawak Indonesia), loba grup lawak asal Bandung (baca: Sunda) nu katembong potensina. Malah juarana ge ti Bandung, SOS. Nu kaitung nyongcolang ti grup SOS, aya personilna nu alus ngawih Sundana, Sule. Ngadenge gelak-gelikna Sule nembang Sunda, kuring jadi inget ka Mang Ukok jeung Mang Utun ti Jenaka Sunda (mun teu salah). Jaman kiwari geus arang pisan budak ngora nu mibanda kamampuh saperti Sule. Lian ti eta, aya Oni anu ti rupa nepi ka rengkak paripolahna nyeples Kang Ibing.

Mun nengetan hal-hal anu ditataan di luhur, asa teu salah mun urang ngarasa reueus. Urang Sunda, leupas tina sagala kahengkeranana, tetep mibanda potensi anu teu bisa dilalaworakeun. Buktina maranehanan bisa kitu teh salah sahujuna ku sabab teu era ngasongkeun konsep anu nyoko dina ajeg-ajeg kasundaan. Idiom idiom ekspresi kasundaan nu dikahareupkeun ku maranehanana tetela geus jadi ciri nu mandiri, tur dipikaresep lain ku urang Sunda wungkul.

Lamun dina dunya hiburan (dina hal ieu: lawak) urang Sunda bisa nembongkeun 'sihung', asa piraku mun dina ambahan sejen urang teu bisa kitu. Nu penting kudu aya kasadaran ti urang salaku urang Sunda, ulah nepi ka era nembongkeun jatidiri kasundaan. Tong era ngaku urang Sunda, tong era nyarita ku basa Sunda, tong era nembongkeun yen urang mibanda jatidiri kasundaan.

Mun urang boga budak, ajak nyarita ku basa Sunda, wawuhkeun kana budaya Sunda. Ulah ngarasa reueus mun anak urang palahak-polohok teu ngarti basana sorangan: Basa Sunda. Kudu hariwang mun anak urang kerung ngadenge kacapi suling. Atik maranehanana sangkan ngimpi ge mun bisa mah ku basa Sunda. Ulah ngan ukur nyalahkeun pangaruh budaya deungeun nu mahabu bari jeung euweuh tarekah ti urang pribadi pikeun ngadadasaran kulawarga sangkan panceg dina ajeg-ajeg kasundaan. Mun kabeh urang Sunda boga niat ngamumule budaya Sunda tur ngamimitian jeung prakna di lingkungan kulawargana, insya Alloh urang Sunda teh moal pareumeun obor. Mudah-mudahan.
melanjutkan "suing" di thread tatarucingan, maka kuring nyien thread baru, carita-carita lucu ... sok ah di sharing ....

Carita2 suing ....

pa guru : "dupi saha jenengan teh, jang ?"
memet : "meme' nuni'mat.."
pa guru : "halah siah budak teu uyahan nyebut meme' ka kolot !"
si memet malik ka tukang, napelkeun curuk na suing na, tuluy malik deui bari ngomong ..
memet : "memet nurhikmat, pa guru !"

aya preman suing naek angkot, diukna di lawang deuih, atuh pas mobil maju teh suing na disada kawas hatong "hiiiiiiiiinng !!!".
preman : "kiwi piw ..."
supir : "pabrik kiwi mah tebih keneh A' "
preman : "piw...kiwi piw..."
supir : "eeeh dibejaan teh, tebih keneh pabrik kiwi mah ..."
bari keuheul si preman napelkeun curuk na suing na bari ngajejekeun suku "geblig !!!" terus ngomong...
preman : "kiri anjink !!!"

aya hiji mobil norobos lampu beureum, teulila "priiitt priit !!" dieureunkeun ku pulisi suing .. priwit na nyelap na suing na ... tuluy
supir : "aduh pa hampura teu katinggal lampu beureumna ..."
pulisi : "mana him.." si pulisi masang beungeut galak..
supir : "kulan pak ?"
pulisi : "hiiim..."
supir : "aduh punten pak abi teu ngartos..."
si pulisi kesel, manehna malik ka tukang, napelkeun curuk na suing, tuluy malik nyentak ka si supir ...
pulisi : "Siiiim... goblooog..."

:D

saderek nu gaduh carita lucu, rek nu nyata atau carita bodor wungkul, mangga sharing di dieu ...

TTD
:smoking:
mapia

Ulukutek Leunca 10th December 2007 10:41

ieu di pindah keun heula

wah mun suing mah jadi kieu

domba = tomma
tomat = no'mat

contona

neu cangka eunceut teh eunah loma takingan














num kunu normal mah maca na jadi

teu sangka congcoteh ngeunah loba dagingan

cep.otsmar1 10th December 2007 10:41

Carita nyata atau carita2 an?

herdianz 10th December 2007 10:42

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 346753)
Carita nyata atau carita2 an?

rek nu nyata mangga, rek banyol wungkul mangga ...

Ulukutek Leunca 10th December 2007 10:52

babaturan kantor kabeuneran orang batak nya manehna teh sok jajan nu teu paruguh we (kabeukina) maklum gajih gede hirup ngaduda! hiji mangsa jajan tos lebaran nu anyar keneh.
sa enggeus rengse mayar weh babaturan teh..
BBT : Nih..., bari sor mere 100 rebu.
PSK : Om tambahin dong om kan lebaran!
BBT : (logat Batak) Apa kau bilang!!!, yang sempit tidak minta tambah yang lebaran minta tambah


:lol::lol::lol:

angkelprog 10th December 2007 10:58

Dina Hiji waktos di Madrasah Pa Ustad keur ngawuruk Barudak nu rek diajar ngaji,salah hijina si Emuh (Biwir na suing )

Pa Ustad : Muh ...turutan Bapa nya
Emuh : Nya Pa Ustad
Pa Ustad : Alif...
Emuh : Alif
Pa Ustad : 'Ba...
Emuh : 'Mpa..
Pa Ustad : 'Ba....
Emuh : 'Mpa...
Pa Ustad : Sanes Pa,,,tapi 'Ba...
Emuh : 'Mpa...
Pa Ustad : (Rada ngamaklum)..he..geus tuluy keun we. Ta'...
Emuh : Taaa...
Pa Ustad : Bentes geuning..?! harkat na ulah panjang teuing. ayeuna 'Tsa..
Emuh : saaa....
Pa Ustad : (bari ngusap dada,sing sabar aing teh).ayeuna Jim...
Emuh : Jip....
Pa Ustad : Jim...
Emuh : Jip...
Pa Ustad : (kasabaran na beak) Treuk goblog..

hennysh 10th December 2007 11:49

Quote:

Originally Posted by Ulukutek Leunca (Post 346749)
ieu di pindah keun heula

wah mun suing mah jadi kieu

domba = tomma
tomat = no'mat

contona

neu cangka eunceut teh eunah loma takingan














num kunu normal mah maca na jadi

teu sangka congcoteh ngeunah loba dagingan

eta mah ngarang, pan kieu:
neu nangka = teu sangka
ngenah = eunah
loma takingan = loba dagingan
MA-ENYA:
CONGCOTEH = EUNCEUT TEH??????
ngarang eta mah...
Jaka Sembung Makan Ikan.........Ngga Nyambung Khan.....:piss:

herdianz 10th December 2007 12:03

Dokter & Pasien RSJ

Dokter : "duh maneh teh meni bau kieu, tara mandi nyak ?"
nugelo : "mandi pak poe mangkukna ..."
dokter : "ari poe ayeuna ?"
nugelo : "haar ari bapak gelo? nya ayeuna mah poe saptu atuh ..."
*dokter pingsan*

herdianz 10th December 2007 12:10

Hiji pamuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu, motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak hiji pamuda nu keur mabok di tengah jalan.
"Dasar Blegug! Mun mabok ulah di jalan atuh....!" ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.
"Maneh nu blegug mah," bales nu mabok. "Sakitu ngebut, nabrak teu keuna..."

herdianz 10th December 2007 12:15

asa teu ngarti... tapi teuing kunaon hayang seuri maca na yeuh, hihihi.. :D

Quote:

Hayam bikang balik isuk keketok ngabejaan baturna:

"Ketok ket... ket ketok... yeuh kuring mawa duit sagepok, bati dilolowok, ku duda koplok...naha geuning kalahka colohok ?"

"Lain colohok tapi eta anderok aceuk, pahili sareng kolor duda koplok!"

"Baruk...kakara sidik geuning, ambuing ambuing pasti duda koplok make anderok kuring, heuheuy...rusuh tuh da, keur mah poek aya razia deuih !" ceuk hayam bikang balaham belehem eraeun. Hayam bikang keketok ngabejaan baturna:

"Ketok..ket..ket..ketok...hariwang kuring mah..hariwang !"

"Hariwang ku naon ari aceuk?"

"Ieu budak mun geus gede bisi nanyakeun bapana !"

"Har..ari aceuk ari siburintik lain bapana kitu ?"

"Teuing atuh da, rupa budak teh geuning nyeples pisan siborontok."


All times are GMT +8. The time now is 10:42.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.