Kaulinan Barudak Jaman Baheula
Mun ningali barudak jaman kiwari, ditingali teh teu jauh ti Play Station (PS) jeung game komputer.
Sayah mah sok inget keur leutik baheula, asa loba kaulinan teh. Asa resep baheula mah, ulin teh di buruan (halaman) atawa di jalanan nu can diaspal (taneuh keneh). Salah sahiji karesep sayah mah ngadu kaleci alias main kelereng, nepi ka aya istilah oles, dur jeung blep sagala. Ayeuna mah di lembur sayah geus tara ningali barudak nu maen kaleci, jalan-na ge geus diaspal, imah-2 tatangga geus dipager luhur :bigcry: Cobi ari dulur-2 sadaya inget keneh teu kana kaulinan jaman baheula ? |
baheula sayah sok ngadu undur undur
|
Urang basa eta osok ulin sorodot gaplok nu make batu badag
jeung ulin gatrik |
ucing boy ge sayah resep baheula mah
|
Quote:
Sorodot gaplok = batu diadukeun jeung batu. :lol: Mun gatrik mah nu make awi tea nya hiji pondok, hiji panjang |
Quote:
ari sugan teh artina nyorodot batur terus digaplokan baturna :D |
ogud mah keur leutik sok maen kobak make karet geulang ..... tuluy bebentengan
|
ka pungkur mah , , saiyah teh paling resep pisan teh , ,
ka nu ngarana Sorodot Gaplok , , sareng Gatrik teh . . . ni asa pang jago na . . . . :clap: wkakwakwkawakwka (keun we nyak , , batan euweuh deui nu muji . . :lol: ) |
ari kanu sondah osk tara lurr .... ??
|
wah . . . tara saiyah mah . . duka nu laen mah
|
All times are GMT +8. The time now is 14:39. |
Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.