DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   [Pernak Pernik Basa] Paribasa jeung Babasan (Teu kenging OOT!!) (http://forum.detik.com/showthread.php?t=11509)

koeya_bathox 2nd January 2008 10:02

[Pernak Pernik Basa] Paribasa jeung Babasan (Teu kenging OOT!!)
 
Para wargi sadaya, sapertos kauningan ku sadaya reh Basa Sunda teh leubeut tur beunghar sarta kumplit sagala aya.
Di dieu pribados nyobian medar salasahijina nyaeta paribasa sareng babasan.
Mangga anu uninga sababaraha paribasa atanapi babasan dipedar di dieu.
Disuhunkeun teu kenging seueur teuing OOTna, sakedik mah teu sawios etang-etang hiburan.

Conto paribasa :

1. Siga bueuk meunang mabuk, hartina : cicing, tungkul teu bisa nyarita ku sabab era atawa sieun.
2. Siga gaang katincak, hartina : sepi jempling euweuh sora.

Conto babasan :

1. Lemes dusun, hartina : basana mah lemes tapi salah ngalarapkeun.


Sakitu heula, mangga anu sanes diantos.

abantea 2nd January 2008 12:00

Jaman ta* kotok dilebuan = jaman baheula pisan Ind . Jaman dulu sekali

Ngabejaan bulu tuur = ngabejaan nu geus nyaho Ind. Memberi tahu orang yang sudah tahu.

Pancalongok = tukang maling Ind. Pencuri

Nyaliksik ka buuk leutik = menta ti rahayat leutik Ind. Meminta dari rakyat kecil, dilakukan oleh pejabat yang serakah.

Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawean poko sarta kalah ngalakukeun pagawean nu taya hartina Ind . Meninggalkan pekerjaan utama, malah melakukan pekerjaan yang tak ada artinya.

Pinter kodek = licik, daek menta tapi embung mere Ind. Mau enaknya sendiri

spy_extrim 2nd January 2008 12:17

koreh-koreh cok= usaha beak sakalian ind= berusaha sekali habis
ngotok ngowok = didinya dinya keneh ind=diam di tempat
bengkok tikoro = datang ka pesta dahaheun lambat ind=telambat datang untuk makan

mangga ah dikantun heula :smoking:

see_hoonks 2nd January 2008 15:32

Asa Aing Uyah Kidul = Asa pang aing na (Sombong) Ind Merasa paling wah..........
Ngarau ku siku = sarakah (Serakah)

FIM 2nd January 2008 15:42

di colok mata buncelik = naon cik?:smoking:

asgartea 2nd January 2008 17:20

halah.... teu kenging OOT ieu teh (ceuk judul thread na :D)
teu jadi posting atuh ah..... :getok:

FIM 2nd January 2008 17:22

Quote:

Originally Posted by asgartea (Post 620460)
halah.... teu kenging OOT ieu teh (ceuk judul thread na :D)
teu jadi posting atuh ah..... :getok:

ih kitu ari nu serius ma mbung

tp urang ge sieun euy bisi OOT

geus abus ma kudu posting atuh!!

albutro 2nd January 2008 22:34

OOT ? naon nyak:getok:

silvernautillus 3rd January 2008 04:37

Quote:

Originally Posted by albutro (Post 624249)
OOT ? naon nyak:getok:

OOT mah tetangga sayah tuh... teh OOT :getok::getok:


*kaboorr.....

abantea 3rd January 2008 06:24

Quote:

Originally Posted by albutro (Post 624249)
OOT ? naon nyak:getok:

Bilih hidep teu acan terang..........OOT teh singgetan tina OUT OF TOPIC.........mun ceuk bahasa ngepop mah : " teu ngajalur............:lol:

abantea 3rd January 2008 08:03

Aya deui........
 
Laklak dasar = nyarekan bebeakan Ind Memarahi habis habisan

Ipis biwir = babari ceurik, babarian Ind Mudah menangis, cengeng

Belang bayah = henteu satia, goreng hate Ind Tidak setia, berhati busuk

Neunggar cadas = meunang lawan nu leuwih kuat Ind Kena batunya

FIM 3rd January 2008 08:53

Epes me'er = Pundungan
Katenggar Kalong = hilaps deui euy Bantosan atuh !

koeya_bathox 3rd January 2008 10:20

para wargi sadayana, cobi ambeh gampil ngabentenkeun naha eta teh babasan atanapi paribasa, nganggo TAG atuh, contona :

[Paribasa] Ngajul bulan ku asiwung, hartina : ngalakukeun hiji hal anu pamohalan

[Babasan] Malapah gedang, hartina : ngajelaskeun jentre tur runtut teu kaliwat.

sinyoh 3rd January 2008 21:52

[ Pribahasa ] tiis celi herang panon, hartosna = tenang tur tentram ku kaayaan = damai dan tentram jauh dari segala hingar bingar

tresna 3rd January 2008 22:06

[paribasa]/[babasan]=piit ngendeuk2 pasir=??

eta jagoan nya piit...
*ampuun :getok:

koeya_bathox 7th January 2008 18:32

kaburu ngalelep deui teu ditambahan mah.

[Babasan] Hejo tihang, hartina : sok pipindahan wae, tara betah di hiji tempat.

albutro 7th January 2008 19:46

Quote:

Originally Posted by abantea (Post 627256)
Bilih hidep teu acan terang..........OOT teh singgetan tina OUT OF TOPIC.........mun ceuk bahasa ngepop mah : " teu ngajalur............:lol:

ooohh...suganteh OOT : orang orang teungteuingeun

koeya_bathox 8th January 2008 10:26

[Babasan] Adean ku kuda beureum, hartina : agul ku barang meunang nginjeum atawa nu batur.
Agul ku payung butut, hartina : agul ku hiji hal atawa barang lain anu manehna tapi anu dulur-dulurna.
Nyolok mata buncelik, hartina : nembongkeun hiji hal anu matak pipanaseun batur padahal batur keur kasusahan.
Nu borok dirorojok, hartina : mupuas kanu sangsara/cilaka

JawaRa 21st February 2008 22:34

taekeun deui aaahh.............

bangkok 21st February 2008 23:03

[paribasa] nu asih dipulang ta* artina kahadean dibales ku kagorengan...

bangkok 21st February 2008 23:05

[paribasa] uyah tara leet ka luhur artina sifat/kabiasaan kolot pasti nurun ka anak

koeya_bathox 21st February 2008 23:16

[paribasa] neukteuk curuk dina pingping, hartina : rek nyilakakeun dulur sorangan

herdianz 22nd February 2008 10:05

yeuh hartikeun ku maraneh, meh aya gawean

1. Niti semplik nincak semplak
2. kokoro nyoso malarat rosa
3. cul dog dog tinggal igel
4. buruk buruk papan jati
5. cikaracak ninggang batu, laun laun jadi legok (ta i cak cak ninggang huntu, laun laun kalebok :D)

see_hoonks 22nd February 2008 10:12

Quote:

Originally Posted by herdianz (Post 1254138)
yeuh hartikeun ku maraneh, meh aya gawean

1. Niti semplik nincak semplak
2. kokoro nyoso malarat rosa
3. cil dog dog tinggal igel
4. buruk buruk papan jati
5. cikaracak ninggang batu, laun laun jadi legok (ta i cak cak ninggang huntu, laun laun kalebok :D)


panginten kieu kang, mung tiasa nomer 4 jeung 5 hungkul :D

4. Sakumaha goreng na hiji perkara/jelema, angger milik/dulur sorangan
5. Lamun urang getol, engke ge bakal hasil

CMIIW :D


[paribasa] asa aing uyah kidul : asa pang aingna

cigil 22nd February 2008 11:04

Kokoro mangih mulud = ........hartosna naon nya hilap deui bisi leupat yeuh...

koeya_bathox 29th February 2008 21:08

Quote:

Originally Posted by cigil (Post 1255364)
Kokoro mangih mulud = ........hartosna naon nya hilap deui bisi leupat yeuh...

hartosna teh sarakah

angkelprog 4th March 2008 13:21

Akal koja artina
Pinter dina kagorengan atawa kajahatan

cigil 4th March 2008 13:54

awewe bete ka poe = ........hartosna

angkelprog 4th March 2008 14:13

Quote:

Originally Posted by cigil (Post 1354125)
awewe bete ka poe = keur loba masalah,moe maneh...jadi we hideung

aya deui yeuh :

Alak alak cumampaka
Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. - anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya

LunES 4th March 2008 15:36

Quote:

Originally Posted by koeya_bathox (Post 1312897)
hartosna teh sarakah

Quote:

Originally Posted by cigil (Post 1255364)
Kokoro mangih mulud = ........hartosna naon nya hilap deui bisi leupat yeuh...

sami teu jeung "ngarawu ku siku"???

koeya_bathox 4th March 2008 15:41

Quote:

Originally Posted by LunES (Post 1355535)
sami teu jeung "ngarawu ku siku"???

benten ngalarapkeun dina kalimahna, sanaos hartosna mah sami2 sarakah oge.
ngarawu ku siku mah dianggona teh dina masalah padamelan, kokoro manggih mulud mah dina katuangan atanapi harta.

FIM 4th March 2008 16:53

Oray sawah oray Kadut =Dut hitut

angkelprog 4th March 2008 17:13

Paribasa
Ngadu angklung di pasar:
Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba

herdianz 4th March 2008 18:00

Cul dogdog tinggal igel...

hartina : Can ge pagawean nu mimiti anggeus, geus gawean deui nu lain ...

tah ieu yeuh pagawean budak DFRB ... xixixixi

angkelprog 4th March 2008 18:03

Justru sae kitu.Utamakan DF,kerja'an pokok nomor 16

Paribasa
Ayakan tara meunang kancra :
Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana

herdianz 4th March 2008 18:12

ngan dina pagawean mah ulah Kahandap ngagalaksak, kaluhur leletak, pikasebeleun... bisa2 di :getok: batur...


beda deui mun ka pamajikan , biasa na kaluhur ngagalaksak, kahandap leletak

xixixixi :D

angkelprog 4th March 2008 18:16

U are absolutly right Bro.:cheers:

Paribasa
Mun teu ngakal moal ngakeul :
Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup

SORDIXS 4th March 2008 21:43

lamun adigung adiguna,melak cangkeng na beuheung naon hartina ?

koeya_bathox 5th March 2008 09:35

Quote:

Originally Posted by Mang Kodok (Post 1358381)
U are absolutly right Bro.:cheers:

Paribasa
Mun teu ngakal moal ngakeul :
Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup

mun teu ngewa moal nge..


:kabuurrrr

koeya_bathox 5th March 2008 09:44

aduh hampura euy, kalah TSna sorangan anu OOT ...

da maksad mah sanes OOT eta mah mung intermeso wungkul, ngambeh teu sarieus teuing.

Mangga dilajengkeun ...


All times are GMT +8. The time now is 06:34.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.