DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Mun jadi Walikota Bandung..naon cik nu rek dipigawe ?? (http://forum.detik.com/showthread.php?t=3773)

hendyher 24th October 2007 11:25

Mun jadi Walikota Bandung..naon cik nu rek dipigawe ??
 
Bebas we lur..!! sok kaluarkeun ide kreatifna..!!

Mulai ti kuring mun jadi Walikota Bandung :
Rek ngahukum anak buah nu sok leha-leha dina jam kantor..!! Lain giat gawe ieu mah kalahka maraen catur, maca koran..jeung sajabana..!! Rek diphoto jelemana trus dipasang di tempat umum, mih eraeun jeung teu ngulang perbuatanana deui..!! Euweuh kaera narima gajih make duit rakyat oge..!!

Mangga nu sanes kumaha ?

herdianz 24th October 2007 11:39

saya mah rek nyieun taman sing loba, pelakan kembang, pan kota kembang bandung teh. melak tatangkalan diditu didieu, meh iyuh bandung teh.
tuluy ngerapikeun tata kota, imah nu papareolan di lempeungkeun, heuheu ... ngan alim ari maen gusur mah ...
tuluy nyieun pusan perbelanjaan tradisional, jadi sarupaning pedagang kakilima ditampung di hiji tempat, meh rapih.
tuluy ngalestarikeun bangunan2 bersejarah
salajeng na ngurus masalah runtah, ayakeun tender keur daur ulang runtah, gareuleuh lah ningali runtah di sisi jalan, jaba barau,
ari suukur di piceun mah kalah numpuk tuluy longsor.
tuluy nyadieakeun sarana transportasi nu merenah, kurangi jumlah angkot, ciptakan lapangan kerja baru...

tah meh pagawe na teu leha-leha, titah ngagawean nu diluhur tadi, teu hilap pengawasan ketat, meh teu jadi korupsi.... kitu tah ...

pan Bandung jadi "Genah, Merenah, Tumaninah"
ngimpi ieu mah, heuheu ... tapi sugan laksana ...

cep.otsmar1 24th October 2007 12:32

Mun jadi Walikota Bandung..naon cik nu rek dipigawe ??

ke... ke...
ah kuring rek ngalamun deui we jadi Presiden...

herdianz 24th October 2007 14:49

huwakakakaka bisaan kang cep .... top markotop

fadey_jevera 24th October 2007 14:56

dek ngabagikeun duit jang rakyat urang mah weh lah
mentaan ti nu nyarogok
wakakakak

cep.otsmar1 24th October 2007 15:16

nya rek loba gawe daripada loba ngomong...
rek loba sidak daripada ngajadwalkeun..

geboy 24th October 2007 15:24

lamun ogut jadi walikota, hayang ngulilingan anu aya di Jend Sudirman ateeuh :D

herdianz 24th October 2007 15:29

nu puguh mah saya rek ngabagjakeun kolot heula, pang meulikeun imah terus sina naek haji .... Amiiiin ...

cep.otsmar1 24th October 2007 15:31

Amieeennnn, ngan ulah duit APBD nya...

geboy 24th October 2007 15:33

Quote:

Originally Posted by herdianz (Post 72998)
nu puguh mah saya rek ngabagjakeun kolot heula, pang meulikeun imah terus sina naek haji .... Amiiiin ...

kade ah mereketkeun kepentingan pribadi teh sok janten koruspi :getok:


All times are GMT +8. The time now is 23:41.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.