Pamali..... Pamali..... Pamali.....
Kolot baheula mah asa loba larangan, maksudna mah alus jigana teh.
Rek kieu pamali, rek kitu pamali. Tah ieu contona : Pamali : Tong ngajentul dina lawang panto => bisi nongtot jodo Alasan logis : ngahalangan batur nu rek ngaliwat. Cik naon deui nya jenis-jenis Pamali nu lian ? NB : Pamali ieu mah sanes salaki na Bu Mali :D |
Tong lalanggiran, bisi paeh indung ....
teuing naon alasan logis na ... :D |
Quote:
tong ngadahar cau dempet budak mah pamali padahalmah kolotna sarakah hayang cau nu gede |
jadi kolot baheula mah nyarekan/ngadidik budak teh make cara nyingsieunan nyak, emh peninggalan jajahan walanda ieu teh, pembodohan ...
basa apel kuring di geunggeureuhkeun ku camer & capam, pedah kuring motong kuku peuting2, pamali cenah... ku kuring di tembal we, baheula mah pamali teh pedah poek, jeung can aya catut kuku, bahaya mun motong kuku peuting2, bisa kakeureut jeung ramo na ... :D hihihi |
budak leutik tong ngadahar tunggir hayam...
padahal eta bagian nu paling ngeunah...:bigcry: |
Ulah ngadahar tunggir
Padahal etateh gudang na lemak... ngeungeunahna... Ulah ngadahar jangjang hayamm.... lamun aya keneh ping2na atawa dadana... |
Ulah Meuli Uyah tengah Peuting,Pamali
Padahal mah euweuh warung nu buka :lol: :lol: |
Quote:
|
Ulah ngupil bari calangap....
nyaho sorangan epek samping na.... |
Ulah sok ngado2rong mobil nu ban na kempes :getok:
|
All times are GMT +8. The time now is 09:08. |
Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.