DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Carita-carita lucu ... (http://forum.detik.com/showthread.php?t=8098)

hishigi-mibu 10th December 2007 14:29

carita lucu nya tapi rang teu bisa basa sunda kuma yeuh

herdianz 10th December 2007 14:32

Quote:

Originally Posted by hishigi mibu (Post 349845)
carita lucu nya tapi rang teu bisa basa sunda kuma yeuh

nya mun teu bisa basa sunda ku basa sasatoan we ...

hishigi-mibu 10th December 2007 15:17

ke atuh rek mikir heula

hennysh 10th December 2007 15:49

kedah meser kamus atuh
kamus basa sunda.....
tong bahasa jepang...:getok:

hishigi-mibu 10th December 2007 16:02

nyobaan nu teu seuri awas siah :

Di hiji desa
Budak : "Kang Asep kang Asep tos terang...?" ceuk budak bari lumpat
Asep : "Aya naon kitu jang?" bari reuwas
Budak : "Itu saurna Kang Ucup sukuna potong katinggang kai"
Asep : "Ah ma'nya jang, ulah ngawaduk siah"
Budak : "Ma'nya mah indungna si doel kang, leres ieu mah"
Asep : "Astaghfirulloh, cik cik rek didatangan si kang ucup teh"
Tuluy we si budak jeng kang asep teh bring ngadatangan imah si kang ucup kabeneran ges loba warga nu daratang
Asep : "Kang ucup... kang ucup"
Ucup : "Naon sep ceceleuweungan sorangan jiga tarsan"
Asep : "Gening teu kunaoan cek si ujang budak cenah suku kang asep potong katinggang kai?"
Ucup : "Baruk lain suku urang nu katinggang kai, tapi tangkal sukun urang nu katinggang kai"
Asep : "Har sugan teh suku kang asep nu katinggang, koplok tah budak nipu kami"
Ucup : "Deudeuh teuing ditipu ku budak kang Asep"

:cheers::cheers:

DR_I 10th December 2007 16:56

mun teu seuri biwirna suwing :lol:

Di hiji rohangan dokter kelamin, aya hiji lalaki ngora rek konsultasi ka eta dokter. “Dok, kuring teh hayang dipariksa masalah ‘eta’ ku dokter, tapi era!” ceuk eta pasen kulamas-kelemes.

“Ke….ke…naha bet era? Apanan kuring mah dokter, siap ngabantu naon nu jadi keluhan anjeun!” ceuk eta dokter ngayakinkeun. “Euuh, kumaha nya, dok! Kuring mah sieun dokter nyeungseurikeun!” si pasen tetep we era ngedalkeun.

“Seuri kunaon? Yeuh, anjeun kedah percaya ka kuring! Kuring oge keuna ku kodeu etik kadokteran, nu salah sahijina teu meunang nyecela atawa nyengseurikeun panyakit pasen. Ngartos? Sok atoh ayeuna mah naon nu bade ditembongkeun?” ceuk dokter nitah eta pasen ngaguarkeun naon nu jadi musabab si pasen datang ka manehna.

Teu lila, geus kitu si pasen langsung muka calanana. Manehna tuluy ningalikeun bobogaanana. Na atuh barang bobogaanana ditingalikeun, si dokter langsung nyikikik! “Hii..hi…hi…hi…..! Hii..hi…hi…hi…..! Hapunten-hapunten kuring seuri kalepasan!” ceuk dokter bari tuluy nutupan bahamna.

Terus manehna ngomong, “kutan kitu nu jadi masalah anjeun teh!” Si dokter rek teu seuri kumaha da ningali ukuran bobogaan si pasen: sagede patlot 2B! Pikiran si dokter mah, eta pasen pasti hayang dibadagan bobogaanana, siga nu biasa dilakukeun ku Ma Erot.

“Tah, ayeuna naon maksud anjeun ka dieu teh?” si dokter nanya ka eta pasen nu beungeutna beureum bangun kusabab tadi diseungseurikeun. “Maksad abdi mah dok! Kieu abdi hoyong ngadamangkeun gagaduhan abdi!” “Kunaon kitu?” si dokter panasaran. “Ieu, gagaduhan teh tos saminggon bareuh!” Langsung wae dina pikiran si dokter teh ngan kabayang: pentul korek!

:getok::getok:

Ulukutek Leunca 10th December 2007 17:37

aya tukang tambal ban geus cukup umur kawin ngan teu kawin wae da kurang PD ngarumasakeun meureun teuing minde'r, hiji waktu ku indungna di tanya "ari maneh rek iraha kawin umur geus ampir 40 taun asa teu ningali bobogohan2 acan, geus ku ema rek di jodokeun we, da ema teh geus kolot! anakna teh ngan ukur manggut we tanda hormat ka kolot, nya der we di pang neangan keun jodo ku indungna (nyaah ka budak) nepi keun ka manggih aya nu daekeun nya prung we di kawinkeun, dina poean malam pertama, sare duaan rek sosonoan, inget ceuk babaturan "teangan we ke bakal aya liang tah asup keun kadinya bobogaan maneh" di susur di sasar teu kapanggih, na dimana liang na(lebah na apal ngan teu kapanggih)? teu eleh akal mawa baskom di eusian cai, terus pamajikanana dititah cing ogo kana baskom teu kungsi lila ting kerebe'k, tah geuningan aya 2 liang na teh kapanggih siah ayeu na mah (bari jeung bungah)

(pamajikan di saruakeun jeung rek nambal ban )

Bibal 10th December 2007 17:41

asa keur maca mangle
auhruah...

hishigi-mibu 10th December 2007 17:47

Quote:

Originally Posted by Bibal (Post 353089)
asa keur maca mangle
auhruah...

mangle na pasti bagian barakatak jeng pangalaman para mitra nya :cheers:

herdianz 10th December 2007 17:48

Quote:

Originally Posted by Ulukutek Leunca (Post 353005)
aya tukang tambal ban geus cukup umur kawin ngan teu kawin wae da kurang PD ngarumasakeun meureun teuing minde'r, hiji waktu ku indungna di tanya "ari maneh rek iraha kawin umur geus ampir 40 taun asa teu ningali bobogohan2 acan, geus ku ema rek di jodokeun we, da ema teh geus kolot! anakna teh ngan ukur manggut we tanda hormat ka kolot, nya der we di pang neangan keun jodo ku indungna (nyaah ka budak) nepi keun ka manggih aya nu daekeun nya prung we di kawinkeun, dina poean malam pertama, sare duaan rek sosonoan, inget ceuk babaturan "teangan we ke bakal aya liang tah asup keun kadinya bobogaan maneh" di susur di sasar teu kapanggih, na dimana liang na(lebah na apal ngan teu kapanggih)? teu eleh akal mawa baskom di eusian cai, terus pamajikanana dititah cing ogo kana baskom teu kungsi lila ting kerebe'k, tah geuningan aya 2 liang na teh kapanggih siah ayeu na mah (bari jeung bungah)

(pamajikan di saruakeun jeung rek nambal ban )

huwakakakakakkaaaa....... :lol: gelooo ....


All times are GMT +8. The time now is 21:17.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.