DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Mun jadi Walikota Bandung..naon cik nu rek dipigawe ?? (http://forum.detik.com/showthread.php?t=3773)

hendyher 24th October 2007 11:25

Mun jadi Walikota Bandung..naon cik nu rek dipigawe ??
 
Bebas we lur..!! sok kaluarkeun ide kreatifna..!!

Mulai ti kuring mun jadi Walikota Bandung :
Rek ngahukum anak buah nu sok leha-leha dina jam kantor..!! Lain giat gawe ieu mah kalahka maraen catur, maca koran..jeung sajabana..!! Rek diphoto jelemana trus dipasang di tempat umum, mih eraeun jeung teu ngulang perbuatanana deui..!! Euweuh kaera narima gajih make duit rakyat oge..!!

Mangga nu sanes kumaha ?

herdianz 24th October 2007 11:39

saya mah rek nyieun taman sing loba, pelakan kembang, pan kota kembang bandung teh. melak tatangkalan diditu didieu, meh iyuh bandung teh.
tuluy ngerapikeun tata kota, imah nu papareolan di lempeungkeun, heuheu ... ngan alim ari maen gusur mah ...
tuluy nyieun pusan perbelanjaan tradisional, jadi sarupaning pedagang kakilima ditampung di hiji tempat, meh rapih.
tuluy ngalestarikeun bangunan2 bersejarah
salajeng na ngurus masalah runtah, ayakeun tender keur daur ulang runtah, gareuleuh lah ningali runtah di sisi jalan, jaba barau,
ari suukur di piceun mah kalah numpuk tuluy longsor.
tuluy nyadieakeun sarana transportasi nu merenah, kurangi jumlah angkot, ciptakan lapangan kerja baru...

tah meh pagawe na teu leha-leha, titah ngagawean nu diluhur tadi, teu hilap pengawasan ketat, meh teu jadi korupsi.... kitu tah ...

pan Bandung jadi "Genah, Merenah, Tumaninah"
ngimpi ieu mah, heuheu ... tapi sugan laksana ...

cep.otsmar1 24th October 2007 12:32

Mun jadi Walikota Bandung..naon cik nu rek dipigawe ??

ke... ke...
ah kuring rek ngalamun deui we jadi Presiden...

herdianz 24th October 2007 14:49

huwakakakaka bisaan kang cep .... top markotop

fadey_jevera 24th October 2007 14:56

dek ngabagikeun duit jang rakyat urang mah weh lah
mentaan ti nu nyarogok
wakakakak

cep.otsmar1 24th October 2007 15:16

nya rek loba gawe daripada loba ngomong...
rek loba sidak daripada ngajadwalkeun..

geboy 24th October 2007 15:24

lamun ogut jadi walikota, hayang ngulilingan anu aya di Jend Sudirman ateeuh :D

herdianz 24th October 2007 15:29

nu puguh mah saya rek ngabagjakeun kolot heula, pang meulikeun imah terus sina naek haji .... Amiiiin ...

cep.otsmar1 24th October 2007 15:31

Amieeennnn, ngan ulah duit APBD nya...

geboy 24th October 2007 15:33

Quote:

Originally Posted by herdianz (Post 72998)
nu puguh mah saya rek ngabagjakeun kolot heula, pang meulikeun imah terus sina naek haji .... Amiiiin ...

kade ah mereketkeun kepentingan pribadi teh sok janten koruspi :getok:

herdianz 24th October 2007 16:01

moal atuh kang, piraku we atuh gaji walikota maenya ngan 2 juta, 10 juta mah langkung meureun ? cekap kanggo abdi mah ... komo mun ditambihan bonus 30juta mah, heuheuheu

cep.otsmar1 24th October 2007 16:07

eta meunang bonus ti mana...?

herdianz 24th October 2007 16:10

eta teh kengeng bonus tina peresmian pabrik oncom ...

robin23 24th October 2007 16:18

ngiringan euy . . .

upami saiyah janten walikota ?

sami sareng kang herdi . . .

hoyong ngawangun taman kota sing seueur . . .

teras , , , ngaaspalan jalan anu tos jiga combro . . .

tos kitu , , , mengembangkan kota , , supados , , , seueur lapangan kerja.

and oge , , supados seueur lapangan bola . . . :piss:

cep.otsmar1 24th October 2007 16:22

kumaha rek nyieun taman kota... pan geus hareurin...
paling oge taman bitis...

herdianz 24th October 2007 16:27

nya taman naon we atuh lah, taman ABG bisa, taman saritem bisa, nu penting mah tiis ceuli herang mata...

robin23 24th October 2007 16:31

yah leres . . taman naon we . .

nu penting mah , , tiis ceuli herang mata , , :clap:

plus . . dompet teu pabalatak ku fotokopian ktp

geboy 24th October 2007 17:59

Quote:

Originally Posted by _r o b i n_ (Post 73335)
yah leres . . taman naon we . .

nu penting mah , , tiis ceuli herang mata , , :clap:

plus . . dompet teu pabalatak ku fotokopian ktp

halah tah ieu nu sering ngiring undian mah fotokopi ktp balatak :lol:

robin23 24th October 2007 18:03

wakakakaka . . . tara kang . . tara ngiring undian da . . .

tapi upami togel mah . . ka pungkur mah unggal dinten :clap:

cep.otsmar1 24th October 2007 18:03

ngan teu meunang2 wae jadi we terus ngirim...

robin23 24th October 2007 18:03

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 73862)
ngan teu meunang2 wae jadi we terus ngirim...

weekekekeek . . .

hendyher 24th October 2007 18:27

kumaha mun togel dilegalkeun wae nya..??
hasilna keur modal persib..pan taun hareup persib teu meunang subsidi deui ti pemda..!! :gossip:

robin23 24th October 2007 18:32

upami hoyong gancang mah tiasa kitu oge , ,

tapi da . . harommmm . . . :smoking:

dina enya dijalankeun oge , , ,

atuh curiga barkowi berkata-kata di koran-koran teh : "Masya Allah"

biasa na pan . . : "Insya Allah bikin Gol . . " :lol:

hendyher 24th October 2007 19:12

Quote:

Originally Posted by _r o b i n_ (Post 73983)
upami hoyong gancang mah tiasa kitu oge , ,

tapi da . . harommmm . . . :smoking:

dina enya dijalankeun oge , , ,

atuh curiga barkowi berkata-kata di koran-koran teh : "Masya Allah"

biasa na pan . . : "Insya Allah bikin Gol . . " :lol:

Jadi inget humor anak haji ari kitu mah..:
Kuring : Pa haji....anak pa haji tuh maen judi..!!
Pa Haji : Astagfirulloh...!!
Kuring : Tapi kawasna meunang tuh..!!
Pa Haji : Alhamdulillah..!!

Laaahh..ngan saukur guyon ieu mah lur..!! :smartass:

robin23 24th October 2007 19:35

wekekekekek . . .

nyak . . kurang leuwih kitu :clap:

jadi ieu nu buraong na mah barkowi jeung anak pa haji . . .

Bibal 25th October 2007 09:09

saha tah anak pak haji teh ?

cep.otsmar1 25th October 2007 09:25

Cep Bibal, Cep Kikil,Cep Geboy,Cep Robin,Cep Asgar.... tah eta anak2 p Haji...

geboy 25th October 2007 09:30

Pak Haji na teh Cep Otsmar ... :lol: :lol: :lol:

cep.otsmar1 25th October 2007 09:43

aduh...... aya we

hendyher 25th October 2007 10:21

Anak-2 Pa Haji kabeh geus jaradi haji :
Anak kahiji : Haji Abidin = Atas Biaya Dinas
kadua : Haji Haskor = Hasil Korupsi
katilu : Haji Hasnata = Hasil Dana Taktis
bungsu : Haji Jumadi = Jual Rumah Dinas

Mangkana teu aneh mun loba Haji jeun Pajabat nu sok rajin nginep di Sukamiskin !!

geboy 25th October 2007 10:24

weew di Sukamiskin na VIP jiga na mah, ari pejabat dipenjara oge nyalengir weh nya senang keneh mereun :getok: :getok: :getok:

hendyher 25th October 2007 10:32

Teu aneh jaman ayeuna mah lur..!! sel na ge marake AC,TV, Rice Cooker, DVD...persis presiden suite hotel bentang opat..!!

cep.otsmar1 25th October 2007 10:55

Jeung Haji NURDIN.... sarua jeung H.Abidin...
***********
Eta dina signature keur ngudag naon... titah eureun heula capeeun...

Bibal 25th October 2007 11:05

lain ngudag tp di udag ku tukang kredit :D

hendyher 25th October 2007 12:39

Keur neangan tempat boker..pararinuh...!!
Loba teuing dahar kulub hui jeung boled..!! Dat dit dut nu aya..!!

geboy 25th October 2007 12:44

ari runtah geus teu numpuk deui kitu, dikumahakeun ku walikota tah didameul pupuk kitu ????

nazjurig 25th October 2007 15:26

didaharan ku si kang ncep...

cep.otsmar1 25th October 2007 15:38

didaharan ku eta tah....

tpi ari di Indonesia geus aya pengolahan sampah anu beneur.?
atawa ngan saukur mindah keun sampah ti kota k TPA..?

nazjurig 25th October 2007 15:41

matak kamari longsor oge da ngan saukur dipindahkeun......

cep.otsmar1 25th October 2007 15:46

ari kitu mah berarti keneh ke...
berarti pemulung te beneur berjasa..


All times are GMT +8. The time now is 00:48.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.