Geng Motor
Lur, kuring asak hariwang ninggali jeung maca loba kajadian ku barudak geng motor, sabeuneurna maranehna teh hayang naon jeung tujuana naon?.
matak hariwang, karunya anu teu boga dosa, da kuring yakin duel mah can tangtu warinaan. Cik ceuk dulur sakabeh kumaha ieu teh? |
Eta mah komunitas jeung kahirupan barudak ngora.. Jd sesah lamun ngahilangkeunna, da sayah yakin polisi sa Bandung mah moal bisa nuntaskeun ieu perkara....ti baheula tos di awar2 "Perang terhadap Gang Motor Ku polisi teh" tp kanyataan nya ya....kitu2 keneh!
Soalna eta gank teh tos mendarah daging ka barudak, sareng tiap poe aya we rekrutan2 anyar na...salain eta gang motor oge di manfaatkeun ku pihak jahat kanggo menghasilkan keuntungan! Langkah pertama mah safety sajah, tong katempat2 sepi so2ranganan, lamun wengi2 teh!! :):) |
sabeuneurna mah karunya, kamaraneh na teh,
da anu katinggali mah, ngan gagayaan, aing-aingan, malikir teu nya lamun anu "koid" maotna konyol, anu konyol tea bakal pikumahaeun engkena. karunya pisan. Geus kolotna mah neangan duit keur ngabiayaan sakola na,hirupna, ari budak na meni teu mulang tamba. Cik jang sing karunya ka Apa jeung k Ema? dan kuring yakin pasti areumbung hirup kikituan teh. Ah kuring mah ngadoakeun we sing saladar we, jeung k Polisi sing salabar dina usahana nguruskeun anu karieu. |
Amien....
Moga2 doanya dikabul ku 4JJl nya.... :D |
nu lieur hungkul eta mah
|
nya sirah nu ngarasakeun lieur mah
|
barudak ngora kang.....
jaman urang smu ge babaturan gegedug moonraker jeung BGZ aya... ayeuna geus kolot malah jadi ustad di sukahaji |
halah ieu nu ngabahas gengong dimana2
asa lieur ungal poe macaan koran |
asa geus teu aneh ningali geng motor di bandung mah
leungit hiji borojol dua |
tah di cartoonet ge sok aya geng motor :D
|
All times are GMT +8. The time now is 13:07. |
Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.