DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Kasenang VS kasusah (http://forum.detik.com/showthread.php?t=33961)

nengechot 14th April 2008 19:27

Kasenang VS kasusah
 
unggal dinten pasti aya wae kasenang atawa kasusah nu ngeusi kahirupan urang..
kadang-kadang sapoean eta ngan ukur kasenangan nu nyampeurkeun hirup urang, kadang-kadang oge dina sapoean eta ngan manggihan kasusah ti samprak gugah bobo dugi ka bobo deui....atawa kasenang jeung kasusah babarengan ngeusi kahirupan urang poe eta..
sadayana teu leupas tina campur tangan nu Maha Muasa...

Tah, dinten ieu aya kasenang atawa kasusah naon wae anu nyampeurkeun kahirupan warga DFRB saparakanca :)

angkelprog 14th April 2008 19:50

Quote:

Originally Posted by neng Echot (Post 1838069)
unggal dinten pasti aya wae kasenang atawa kasusah nu ngeusi kahirupan urang..

yoay...ceu2
Quote:

Originally Posted by neng Echot (Post 1838069)
kadang-kadang sapoean eta ngan ukur kasenangan nu nyampeurkeun hirup urang,

yap.
Quote:

Originally Posted by neng Echot (Post 1838069)
kadang-kadang oge dina sapoean eta ngan manggihan kasusah ti samprak gugah bobo dugi ka bobo deui

nuju sial eta mah :D
Quote:

Originally Posted by neng Echot (Post 1838069)
atawa kasenang jeung kasusah babarengan ngeusi kahirupan urang poe eta..

warna/i kahirupan namina :smoking:
Quote:

Originally Posted by neng Echot (Post 1838069)
sadayana teu leupas tina campur tangan nu Maha Muasa...

so...pasti :cheers:
Quote:

Originally Posted by neng Echot (Post 1838069)
Tah, dinten ieu aya kasenang atawa kasusah naon wae anu nyampeurkeun kahirupan warga DFRB saparakanca

naonnya.....ke....ke.....urang emutan heula :speachless:

nengechot 14th April 2008 20:48

Quote:

Originally Posted by Mang Kodok (Post 1838293)
naonnya.....ke....ke.....urang emutan heula :speachless:

ah boa2 angkel prog diculik alien sadintenan jadi poho sagala :piss:

Oegoen 14th April 2008 23:40

Kasenang terakhir nu emut mah, nuju gathering pertama DFRB di Inul Pista. Eta mah nyaan sayah bungah boga babaturan anyar. Nya ge kakara panggih di darat, tapi asa geus jiga wawuh lila. Nuhun ka Kang Koeya sareng panitia:cheers:

Upami kasusah mah tos ti 2 taun kapungkur teu acan rengse http://img.photobucket.com/albums/v2...73/tersipu.gif
Lamun dipikir2 mah sedih pisan, naha bisa jadi kieu hirup teh. Tapi da bongan salah sorangan, jadi na wayahna weh kudu nanggung konsekwensi:bigcry:

Ngan aya nu nyieun tetep semanget, kulantaran dina kaayaan sasusah naon oge pasti tetep aya nu bisa disyukuri. Contoh, sanajan teu boga duit tapi urang boga keneh panon, ceuli, huntu, pokokna mah kumplit keneh. Nu utama na mah masih boga otak keur mikir neangan jalan keluar, jeung boga kasehatan keur usaha. Tapi dasar jelema sok poho kanu hal2 leutik kitu, nu matak bersyukur disaat susah teh emang hese, tapi lain berarti teu bisa.

Intina mah, pengendalian diri. Masih baaanyak janda2 cantik ...dan ageung:D

nengechot 14th April 2008 23:57

Quote:

Originally Posted by Oegoen (Post 1840139)
Intina mah, pengendalian diri. Masih baaanyak janda2 cantik ...dan ageung:D

naha ari kang oegoen ku keukeuh kana AGEUNG wae nyak ??? :getok::getok::getok:

angkelprog 15th April 2008 07:23

Quote:

Originally Posted by neng Echot (Post 1838800)
ah boa2 angkel prog diculik alien sadintenan jadi poho sagala :piss:

poho sih henteu,...tapi lupa :D

FIM 15th April 2008 08:45

Dina Amparan sajadah

Kasusah jd kasenang..sanes kasenang VS kasusah,,:smoking:

kamprete1 15th April 2008 09:42

hidup syusah kok di bikin syusah c... epridey hepiiii :smoking:

herdianz 15th April 2008 09:50

ari kuring mah keur meujeuhna susah unggal dinten ....
kaubarana teh pedah aya babaturan we, bisa ngobrol, bisa curhat ...

koeya_bathox 15th April 2008 09:58

Akang mah panuju kasauran jang kamprete, kasusah mah ulah digugulung jadi beuki susah.
Ulah siga jelema susah atuh hirup mah ... tarima we tapi lain hartina cicing namprakkeun leungeun nunggu kasenang datang, kudu usaha, sanes kitu?
Ari dicaritkeun mah pasti loba kasusah teh, contona ayeuna akang keur susah nyiar duit jang mayar dp imah, cikan sugan aya dulur di DF ieu anu kagungan artos langkung, kenging akang nambut sakedap?


All times are GMT +8. The time now is 03:10.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.