DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Pangalaman nu tos pependak sareung makhluk Ghoib didieu tempatna !!!!! (http://forum.detik.com/showthread.php?t=6483)

abah_anom1 27th November 2007 14:56

Pangalaman nu tos pependak sareung makhluk Ghoib didieu tempatna !!!!!
 
Yua..ah baraya urang silih tukeran pangalaman..ngenaan manggihan atanapi kapanggih jeung makhlik ghoib


Yeuh Abah heula ( Ieu asli Nu ku abah di alaman )
caritana di hiji tempat kos2 an di daerah bandung..( moal di sebutkeun kos2 an daerah manana )

kajadiannana masih haneut pas keur bulan agustus 2007 poe senen malam salasa..jam 01.00 ( kurang lebih )...
keur waktu itu saya ulin di babaturan kostan di bandung...ku sabab ulinna peuting teuing nya saya teu balik ka imah lantaran di carek ku barudak..jadi we abah nginep di eta kos2an.. jam 11 peuting saya meuli dahareun ka hareup da warungmah geus tarutup...tujuan neangan nasi goreng ....nya meunang di pas tanjakan eta jalan..aya nu nanggung nasi goreng...pas keur nungguan we saya teh ieu nasi goreng.. aneh tapi nyata ieu panon hayang wae nempo ka kenca nyaeta nempo imah nu geus teu di isian deui ( suwung =bahasa jawanamah)...hatemah asa sieun..nya kapaksa we nempo.....pas nempo...eweuh nanaon...ngan ukur poek wungkul....di tambah aya 1 tatangkalan anu geus leubeut ku buahna ( jambu aer ).....

sinkat carita...20 menitan nasi goreng anggeus ( 5 bks )..balik we saya teh ka kos an...bari beuteung geus teu kuat laper.....jam 12 kurang 1/4 saya geus aya di kos an...pas di eta tempat barudak areweuh..teuing kamana...
naek we saya teh ka kos an nu di luhur ka tempat babaturan anu tadi pesen..nasi goreng..di konci kamarna...nya puguh we saya keueung da sorangan di kos an ...mana jam 12 peuting...

pas nempo ka handapeun panto babaturan aya tulisan...dina kertas salembar
ieu tulisanna nyuruh saya mawa ieu nasi goreng ka kos an nu aya di handap ( beda kos an )....kapaksa we saya teh ka handap....15 menitan leumpang menuju ka eta kos an.... pas di gang nu rek asup ka eta kos an..hate asa beurat hayang nempo ka tukang..jeung bulu murinding.. asa tariis pisan..
ah..ku saya teh dibangbrahkeun we ambeh teu sieun...eh..kalakah tambah sieun...nya kapaksa sya teh bari maca Bismillah nempo ka tukang...

Bleg..bleg..Bleg... teh...saya kaget nempo " KUNTILANAK " nu keur cicing pipir imah ....saya jujur we ieumah ( ngompolan maneh... ) rek lumpat kumaha da asa beurat...rek ngajorowok teu bisa asa teu bisa ngomong...rek maca ..sabaca-baca teu bisa....akhirna saya ngan ukur bisa peremkeun panon
bari kesang jeung cai ompolmah ngahiji..geus teu paduli rek garatel..nu peunting bisa salamet ti eta KUNTI...

pas bentakeun panon saya kaget aya di imahna pak Rt setempat...
nya di bejaan yen 1 jam saya pingsan teu sadar di pipir imah kosong
sampai ka ayeuna saya embung deui papanggih nu kitu

tah kitu nu ku alaman ku saya papanggih jeung nu ngaranna KUNTILANAK






sok nu sanesna ... pangalamannanan di antos di dieu

hishigi-mibu 27th November 2007 15:00

duh duka ah can kungsi teuing poho deui :lol:

cep.otsmar1 27th November 2007 15:02

Ieu mah sarua jeung Thread na Mang Bibal: JURIG.... AYA JURIG...

tapi nya sok we teruskeu we..

kabeneuran can ngalaman panggih jeung nu karitu teh..
jigana mah maranehna sieuneun ninggali kuring...

abah_anom1 27th November 2007 15:15

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 233390)
Ieu mah sarua jeung Thread na Mang Bibal: JURIG.... AYA JURIG...

tapi nya sok we teruskeu we..

kabeneuran can ngalaman panggih jeung nu karitu teh..
jigana mah maranehna sieuneun ninggali kuring...



mereun akang leuwih serem ti eta jurig matakan sieuneun lamun papanggih jeung didinya :lol:

cep.otsmar1 27th November 2007 15:17

jigana mah... bisa jadi...
jurig wae sieuneun komo jelema....

angkelprog 27th November 2007 15:41

Nu matak aya pa2tah tikolot:Ulah kaluar malem Jum'at loba jurig,tapi ceuk kolot jurig : ulah kaluar malem minggu loba jelma.Qtu ceunah

cep.otsmar1 27th November 2007 15:45

jadi anu aman mah.. tong ulin/kaluar peuting..

herdianz 27th November 2007 16:04

basa SD kuring pernah di tampiling ku jurig pas keur sare, ngan alim nyaritakeun ah sieun ....

Ulukutek Leunca 27th November 2007 16:10

Kantos, tapi Alhamdulillah teu sieun kunu kitu mah, da moal nanaon ari saukur nembongan mah kajaba mun mahluk goib na keur di titah ku batur keur ngaganggu, tah nu kieu mah kudu ati-ati!:getok:

cep.otsmar1 27th November 2007 17:09

Quote:

Originally Posted by herdianz (Post 234166)
basa SD kuring pernah di tampiling ku jurig pas keur sare, ngan alim nyaritakeun ah sieun ....

Naha jeung jeung sieun... maksudna sieun ditampiling deui...

Tong sieun da geus ditampiling na mah ayeuna tinggal ngadongengkeuna...
Sok mang ditungguan..

*********
Eta Avatar geus ganti ku ucing garong


All times are GMT +8. The time now is 15:08.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.