DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Kaulinan Barudak Jaman Baheula (http://forum.detik.com/showthread.php?t=4567)

herdianz 21st November 2007 15:04

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 190410)
ari ucing2 anu make sesemplekan kenteng anu ditunda ditengah lingkaran.. ngarana teh naonnya?
Terus anu neunggeul awi leutik.. anu awina teh ditangtungkeun terus ditakol pa jauh-jauh...
lamun istilah USA na mah bisbol tapi ari dilembur mah make awi sapotong..
Terus ucing anu make bal-balan..

nu make kenteng "boy-boyan" teun kuring mah ngarana
nu make awi "gatrik"

cep.otsmar1 21st November 2007 15:07

Tah eta heu.. euh beneur...
Boy-boyan jeung Gatrik...
Hade lah ari tukang ulin mah apal wae...

jiga na mah keur budak matak pikakeuheuleun .. kolotna..
da ulin wae...

balik sakola... maen lalayangan, terus kaleci.. terus gatrik... pas bedug maghrib karek balik... eta oge di geroan bari di udag2 mawa sapu nyere ku indung...
nya can mandi... nya rek ngaji... nya.....

herdianz 21st November 2007 15:21

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 190515)
Tah eta heu.. euh beneur...
Boy-boyan jeung Gatrik...
Hade lah ari tukang ulin mah apal wae...

jiga na mah keur budak matak pikakeuheuleun .. kolotna..
da ulin wae...

balik sakola... maen lalayangan, terus kaleci.. terus gatrik... pas bedug maghrib karek balik... eta oge di geroan bari di udag2 mawa sapu nyere ku indung...
nya can mandi... nya rek ngaji... nya.....

huwakakakaka.... apalan euy si akang ....
ulin wae nepi ka lestreng, nepi ka pernah sowek dampal suku, gara2 pas lulumpatan nincak seng...

tah biasana mah balik ngaji bari disasarung keneh sok maen "dar-daran" kuring mah, ieu salah satu permainan anu melatih kejujuran & sportifitas. jeung termasuk permainan paporit barudak.

cara maen na model peperangan, dibagi 2 tim, tim penjahat & tim bogalakon (sigah maen Counter strike :D, sigana mah counter strike ge ter-inspirasi ti dieu, hehehe).
pertama tim bogalakon diam di tempat, tim penjahat nyebar tiheula, terus nyarumput dimana we, na tangkal, na teras batur, na benteng.
tah setelah beberapa menit (sekitar 5-10 menit lah), tim bogalakon neangan tim penjahat bari keketeyepan, mun manggih musuh, tembak make curuk "DAR ! Cep !", nu tiheula nga "Dar !" keun nu meunang, nu paneuri nya 'paeh', tah terus nepika beak na.
didieu nu geus katembak dituntut kudu ngaku paeh & kembali ke pos awal, didieu dituntut kejujuran & sportifitas na...
tim nu meunang tangtu tim nu anggota masih keneh aya nu hirup, nu eleh paeh kabeh. nu meunang bisa tim penjahat bisa tim bogalakon.

mun nu teu jujur mah geus di dar masih maen keneh, atau nu teu sportif mah geus di dar tiheula ngaku na manehna nu tiheula ...

aah kenangan manis... :bigcry:

geboy 21st November 2007 15:26

anu kitu mah boy-2 an Kang Encep .... ogud oge sok maen

cep.otsmar1 21st November 2007 15:32

Heu.euh baheula mah mineung Dar..Daran..

Jigana ari ninggali kana fisik mah kuatan budak baheula.. atawa budak urang lembur..
da ayeuna mah: Geus aya PS
jadi geus ngurangan kana kaulinan anu disebutkeun tadi...
balik ngaji sok nininjaan...
atawa perang anu silih tenggeul make sarung di bunteul tungtungna.. siga gegendir...
nya ari tempo nenggeul ka batur mah asa geunah seuri..
pas kateunggeul... :bigcry::bigcry: .. bejakeun ka Emak jeung ka Apa...:bigcry:

terus perang make bebedilan anu pelor na pake takokak naon ngarana..?

asgartea 21st November 2007 16:03

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 190737)
Heu.euh baheula mah mineung Dar..Daran..

Jigana ari ninggali kana fisik mah kuatan budak baheula.. atawa budak urang lembur..
da ayeuna mah: Geus aya PS
jadi geus ngurangan kana kaulinan anu disebutkeun tadi...
balik ngaji sok nininjaan...
atawa perang anu silih tenggeul make sarung di bunteul tungtungna.. siga gegendir...
nya ari tempo nenggeul ka batur mah asa geunah seuri..
pas kateunggeul... :bigcry: . bejakeun ka Emak jeung ka Apa...:bigcry:

terus perang make bebedilan anu pelor na pake takokak naon ngarana..?

nininjaan make sarung nya, katingali panon-na hungkul ....:lol:
Heueuh mun teu nininjaan, sarungna dipake jang neunggeul.
Kadang-kadang aya nu jahat, anu dibunteul ku sarung teh batu, nya pas keuna sirah teh atuh kacida nyut-nyut an. :bigcry:

Mun perang make bebedilan mah nya ngarana "peperangan' weh. Mun euweuh takokak, make pentil jambu aer nya mun teu salah mah.

cep.otsmar1 21st November 2007 16:14

ari anu dibunteul eusina batu mah eta mah keur jaman tawuran antar kampung..

Tapi geunah asa reseup ku ka ulinan jaman baheula mah..
komo lamun geus balik mengbal bari huhujanan di lapang urut sawah
kabayang bari bobolokot ku leutak...
terus.. mandi gejebur.. diwalungan... waduh resep pisan...
atawa bari mengbal silih timbul leutak...
ah.. beneur masak kecil yang indah...

Matak kuring mah ayeuna ka budak.. sok dihaja titah huhujanan asal hujana anu gede.. da ari hujan anu leutik mah matak geuring..

geboy 21st November 2007 17:25

atuh ayeuna mah kana ngurek oge di sawah arembungeun barudak ayeuna mah, padahal keur leutik ngurek teh favorit euy !!

asgartea 21st November 2007 17:40

Quote:

Originally Posted by geboy (Post 191774)
atuh ayeuna mah kana ngurek oge di sawah arembungeun barudak ayeuna mah, padahal keur leutik ngurek teh favorit euy !!

padahal sensasi belut keur narik urek luar biasa-nya. Komo mun belut na badag mah, asa ngadu tanaga :lol:

Ulukutek Leunca 21st November 2007 17:56

Cing aya nu imahna di daerah Gerenten (bonbin bandung) teu? inget keur leutik kadinya teh meuli kedok sisingaan jeung perahu otok-otok nu make kapas jeung minyak kalapa aya keneh cocooan model kitu?


All times are GMT +8. The time now is 14:45.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.