hahaha, ayeuna mah jigana geus jararang barudak leutik ulin nu kararitu,
ayeuna mah, abdi ngaliwat warnet teh, barudak keur arulin RF, RO, AYODANCE, SEAL, DOMO, CS, DOTA, WII, jeung sajabana... irahanya aya ulinan ucing sumput online (USOL)???? :lol: |
nya..da ayeuna mah geus usum internet atuh...kumaha deui da perkembangan jaman..
barudak ayeunamah sosialisasina kurang...bahasa jerman na mah "TEU SOLIDER" |
Lamun Kuring mah Ulin keur leutik teh, bebedilan nyieun dinu awi trus pake karet, pelorna ku buah takokak... lamun kacentang eta musuh ditewak trus di talian dinu gebog cau,.. Matakan lamun rek ulin teh meuli heula silet ngarah gampang kabur da talina di kereut ku silet..:lol:
Ucing bancakan, Bebentengan, Loncat tinggi, salto, :clap: |
bancakan teh anu kenteng ditumpuk-tumpuk tuluy dibaledog make bola kasti tea geuning atawa lainnn ???? :speachless: uing oge sok maen euy !!
|
Eta mah Kastik...
bancakan mah meresan kenteng terus batur nyarumput...tah..diantara batur eta teh pasti aya nu ngincer kenteng anu ditumpukeun ku urg...ngarah urg jd ucing terus! :getok: |
sok maen sapintrong tara euy, make karet geulang di petot-2 keun tuluy ditumbukeun jadi panjang :D
|
ari ka ulinan barudak ayeuna mah geus serba canggih...tapi eta sosialisasi na nu kurang...jeung daya kreatifna oge pasti kurang ....beda jeung barudak nu baheula...
|
asa barudak ayeuna mah karunya nya... ngan ti sakola teh ngadekul weh di imah lalajo meng bal dina PS .. :D
|
:lol:
Barudak Ayeuna mah gancang kolot, gancang dewasa, soalna awakna teh tara ka bangbrangkeun...sok bandungan geura bakal garancang maotna oge...:bigcry: |
halah siah maneh maot mah lain kaulinan budak .... :getok:
|
Quote:
jaman baheula sok kaingetan ku "kurupuk bondon"... nu beureummmmmmm siga lipstik xxx... aya keneh teu eta karupuk? |
Quote:
|
Quote:
hoyoooooong, mah |
ari kurupuk bondon teh = kurupuk hampos = kurupuk beledug ?
baheula mah dina kurupuk eta teh sok aya hadiah kaleci hiji, kadang-2 alus kaleci na teh. Jadi meuli eta kurupuk teh dipilihan hiji-2, neangan kaleci nu alus, jang dipake "kojo" :lol: |
emang seh da ari bondon mah kabeh boga kaleci :D
|
Quote:
|
Quote:
trus... ulina teh di gasibu... sabari gatering... sabari bebekeulan.. wah jigana ajib.. :D |
Quote:
|
kabayang di porda jabar ngayakeun sorodot gaplok jigana tawuran massal :D
|
Quote:
=)) |
Quote:
|
baheula mah sok diajakan anyang2an ku barudak avv...
abdi jadi bapana :D |
Quote:
|
da akanb biabl mah sigle parent.....
moal aya na hoyong jadi istrina ge....hahaha:piss: |
Quote:
|
Quote:
|
Quote:
Quote:
|
Ari MOKI mah dina maen karet atuh.....
naon nya hartosna??? da pokoknamah disimpen dina,....etana...avv...isin nayriosna ge...hehe |
Quote:
|
lamun nu maen sapintrong-na lalaki, istilah-na lain MOKI atuh.
Naon-nya ngaran-na ? :lol: |
Quote:
Quote:
hihihihihi...... |
Quote:
|
istilah maen kaleci
-poces, depot, blep, dur setut, epek, sukong..naon deui nyak ... lieur ah paroho deui ... :D |
mun taneuh nu dibuleud-buleud tepi ka jadi bola, terus diadukeun / digilindingkeun. Nu eleh anu bola taneuh-na ancur, naon nya eta ngarana ??:speachless:
Mun teu salah mah aya istilah "kulit bawang" geuning, bakating ku halus pisan. |
abi mah nuju alit sok ngadu muncang
tra ngadu hihileudan ngangge paku 2 dikaretan tras di gisik ku kenteng maraju weh hihileudan teh upami anu lagrag .... kawon :D |
Quote:
Enya eta teh hihileudan kitu namina? sayah ge sok maen. Mun teu digesek ku kenteng, digesek na teh ku batu :lol: Eta teh tinu tangkal naon nya, hilap deui. |
balap karung sigana mah..jaman kompeni mah
|
Quote:
Bisa jadi permainan abadi nya ..... :lol: |
Quote:
Quote:
|
ari ucing2 anu make sesemplekan kenteng anu ditunda ditengah lingkaran.. ngarana teh naonnya?
Terus anu neunggeul awi leutik.. anu awina teh ditangtungkeun terus ditakol pa jauh-jauh... lamun istilah USA na mah bisbol tapi ari dilembur mah make awi sapotong.. Terus ucing anu make bal-balan.. |
All times are GMT +8. The time now is 23:25. |
Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.