DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Perbedaan Bandung baheula sareng ayeuna (http://forum.detik.com/showthread.php?t=17916)

bionk2000 8th January 2008 17:13

Quote:

Originally Posted by kang acil (Post 693068)
Rada sed katengah kota saeutik.....lalajo pelm India di bioskop Dian deukeut alun alun ,judul na Naseeb, nu maen na Amitha Bachan, Rishi Kapoor jeung Hemma Malini........haalaaah......

Pelm India tea panjang jeung lila, loloba na ngalagu jeung cirambay......

balik lalajo naek beca ....di lahun ku bibi, sabeca ku tiluan......waas euy.....

kang ayeuna mah bioskop dian teh di jadikeun lapangan futsal
baheula mah bioskop dian teh spesial film2 india.

kangacil 8th January 2008 18:23

Quote:

Originally Posted by bionk2000 (Post 693696)
kang ayeuna mah bioskop dian teh di jadikeun lapangan futsal
baheula mah bioskop dian teh spesial film2 india.


oh..kitu nya kang......asa na teh kamari kamari ieu mah....kan jadi muter pelm...eta geuning sabangsaning " Gadis Mentropolis ", " Ranjang yang Ternoda ", " Gadis Malam ", etc ect........he.....he.....he..... ari nyobian nongton mah teu acan....da isin bade lebet na, ngan ari ngalangkung ka dinya sok aya Poster pelm na meni badag..........

bionk2000 8th January 2008 19:28

Quote:

Originally Posted by kang acil (Post 694248)
oh..kitu nya kang......asa na teh kamari kamari ieu mah....kan jadi muter pelm...eta geuning sabangsaning " Gadis Mentropolis ", " Ranjang yang Ternoda ", " Gadis Malam ", etc ect........he.....he.....he..... ari nyobian nongton mah teu acan....da isin bade lebet na, ngan ari ngalangkung ka dinya sok aya Poster pelm na meni badag..........

sumuhun kang kadiekeun mah majang poster anu hot, pedah di bdg tiris meureun..

tresna 8th January 2008 20:27

kela kela kedap
di forum sapalih aya iyeu yeuh

http://forum.detik.com/showthread.php?t=18015

abantea 12th January 2008 01:30

Bandung taun 70 an
 
Riwayat Bandung taun 70 an........

Kaayaan kota di Bandung Selatan

Di Jalan Banteng anu ayeuna tungtungna mengkol ka Pelajar Pejuang.........harita mah jalan buntu...nya tuluyna teh sawah , aya galengan gede anu nyambung ka Jati deukeut rel kareta api....da jaman harita mah kareta anu ka Ciwidey teh jalan keneh,,,,,barudak sok ngahaja ulin ka dinya mawa paku tuluy di giles ku kareta, maksudna mah jadi pepedangan..............

Ayeuna kabeh beak jang perumahan jeung jalan...................

Jalan Buah batu tungtungna teh di Komp. PDK.....Harita inget keneh boga babaturan di PDK .......ari imah di Banteng........nya mapay Jalan Buah Batu lamun rek ka PDK....rarasaan harita can aya angkot........

Jaman harita, BBC keu jaya jayana.......saha nu teu apal ngaran Kang Daman....

abantea 12th January 2008 02:05

Sambungan ..........dunia malam 70 - 80 an
 
Nincak taun 72 - 75, harita barudak umur umur SMA lamun ngayakeun pesta sok ngondang disko diimah........nu beken harita PREA EX , diponggawaan ku IKI HANAFI jeung BEBEH.. inget lamun harita mah pesta teh sok dibubarkeun lamun teu make izin ti pulisi.....Harita GEDUNG MERDEKA jadi tempat nongton mun aya pertunjukkan musik......GELORA SAPARUA nya kitu......inget keneh pernah lalajo CHRISYE alm manggung di Saparua.........kitu deui BANI ADAM.......mun di GEDUNG MERDEKA mah harita sempet nongton KEN AROK na Harry Rusli, tuluy pernah aya THE ROLLIES , GIANT STEP ...........

Nite Club ge geus aya....nu inget mah pernah ka tempat alm DRAJAT MARTHA anu ditukangeun POM Bensin Wastukancana.....ayeuna mah geus euweuh tapakna...........aya oge anu di Jalan Tamblong.....ngarana poho deui..........

Rada kadieukeun.......inget ka GALAYA di Jalan Asia Afrika.......????? Tempat ieu pinuh wae....ku sabab salain ti bir na , matak betah resep ngobrol jeung CEU HE****, nu bogana..........

Per diskoan sigana dimimitian ku STUDIO EAST di Cihampelas , tuluy aya nu di pengkolan Setiabudi nu ayeuna jadi Mc D ( pernah kahuruan ....ngaranna poho deui.....sugan aya nu inget ), aya oge disko anu di Hotel Pakunegara ( Ayeuna mah geus jadi BIP ).......mun teu salah mah tuluy pindah ka urut bioskop Braga Sky....ngarana teh MARABU..., sok diplesetkeun jadi " MARABUK "....berhubung loba nu nginum kaleuwihan......harita anu sok ngaramekeun dunia malam di Bandung nya eta peragawati, model Minnie Adji, Sandi Harun, pernah ningali aya Nurul Arifin...........harita mah murni " ku cai", can usum ineks dll.

abantea 12th January 2008 02:15

Sambungan...........mimiti aya motocross.
 
Harita taun sakitu...mimiti barudak Bandung resep kanu Motocross, ari latihanana mimiti sok di tukangeun gedong sate......teu kabayang nya ayeuna mah ......

Nu muncul harita ngaran anu beken nyaeta POPO HARTOPO......motorna nomer 118 , juara wae tara kaelehkeun, ngan hanjalan maot tabrakan di Padalarang.....

Grup anu beken. aya DIRT RACER, ITIKURIH , SILIWANGI, loba deui...

Ari motor anu sok dipake nyaeta masih standar , ngan dimodifikasi sautak saeutik ,,siga mun YAMAHA DT 100, SUZUKI TS 100, KAWASAKI KE 125...

Pernah aya kajuaraan nu rada gede di MANGLAYANG....tuluy di PUNCLUT.......

Pokona kudu diakui, motokross di Indonesia asalna ti Bandung......

abantea 12th January 2008 02:27

Sambungan.............maen CB
 
Taun 76 asana mah mimiti aya anu ngarana CB ( Citizen band ).....Harita ampir kabeh barudak gaul di Bandung sok " ngebrik " make CB tea......nya organisasina nu pangheulana aya sa Indonesia teh dimimitian ti Bandung , ngarana OPEGMI....Sekretariatna di Dago.....

Ngeunahna jaman harita....mun unggal malem minggu iring iringan mobil marake antene berkonvoi keliling kota......anu pang gayana mun make antene K 40 ( pang mahalna harita mah ).........mun anu diimah antena MOON RAKER.....sigana di Bandung ngan aya 3 an anu boga.......

OPEGMI tuluy menjelma jadi KRAP...nya ayeuna mah jadi RAPI tea........

Keur " jaman perjuangan "....dimana kampus di Bandung harita "diduduki" ku tentara....fungsi CB harita jadi penting kusabab bisa mere informasi sagancangna ka rekan rekan mahasiswa nu lain.......

abantea 12th January 2008 02:40

Panutup....
 
Sakitu kenang kenangan Bandung jaman taun 70-80 an, nepi ayeuna ge masih di Bandung, ngan ku situasi ayeuna mah ku rarasaan " Bandung " geus robah.......RUH na kota Bandung geu leungit ka bawa ku arus komersialisasi......

Nu teu robah mah nyaeta SARITEM........ti baheula nepi ka ayeuna masih eksis......:lol:

Bohong lah beja ditutup...buktina ceuk forum sabelah rame keneh nepi ka ayeuna oge.....

abantea 15th January 2008 08:48

....anu dimaksud panutup diluhur teh ngan ukur caritaan kuring .....:speachless:

herdianz 15th January 2008 10:20

beu ! taun 72-75 geus SMA ..... :shocked:

sembah kapihatur ti simkuring ka juragan aban ... *sungkem*

ayonk_78 28th January 2008 21:54

kamaha atuh..cuuuuu...cuuuuuuu

evie1 29th January 2008 08:53

tahun 89-92 mah bandung teh ti'is keneh...

kangacil 29th January 2008 09:32

Quote:

Originally Posted by abantea (Post 742924)
Sakitu kenang kenangan Bandung jaman taun 70-80 an, nepi ayeuna ge masih di Bandung, ngan ku situasi ayeuna mah ku rarasaan " Bandung " geus robah.......RUH na kota Bandung geu leungit ka bawa ku arus komersialisasi......

Nu teu robah mah nyaeta SARITEM........ti baheula nepi ka ayeuna masih eksis......:lol:

Bohong lah beja ditutup...buktina ceuk forum sabelah rame keneh nepi ka ayeuna oge.....

Bravo......buat kang Aban......jaman harita mah akang teh karek Balita keneh......
jadi inget ka emang ( dulur ti pun biang jeung pun bapa ).....jiga na sa angkatan jeung kang Aban mah.......da maraneh na oge taun sakitu teh geus beredar di anak anak bandung mah..............

Bibal 29th January 2008 09:35

baheula mah sayah can disunatan..

ayeuna mah geus dsunatan :D

herdianz 29th January 2008 09:58

Quote:

Originally Posted by Bibal (Post 989176)
baheula mah sayah can disunatan..

ayeuna mah geus dsunatan :D

ah bohong ... eta geuning di "kupluk" keneh ...

abantea 29th January 2008 12:27

Quote:

Originally Posted by Bibal (Post 989176)
baheula mah sayah can disunatan..

ayeuna mah geus dsunatan :D

Baheula mah masih " pandangan hidup "....., mun ayeuna mah : pegangan hidup "........

Mun nu teu ngarti hartina sakolana can lulus.....

asgartea 29th January 2008 12:34

Quote:

Originally Posted by abantea (Post 992542)
Baheula mah masih " pandangan hidup "....., mun ayeuna mah : pegangan hidup "........

Mun nu teu ngarti hartina sakolana can lulus.....

Baheula mah kawin, ayeuna mah nikah :speachless:
:getok:

* lumpat sataker kebek

abantea 29th January 2008 12:36

Quote:

Originally Posted by asgartea (Post 992702)
Baheula mah kawin, ayeuna mah nikah :speachless:
:getok:

* lumpat sataker kebek

Bedana kawin jeung nikah...????

hishigi-mibu 29th January 2008 12:42

Quote:

Originally Posted by abantea (Post 992749)
Bedana kawin jeung nikah...????

kawin mah tinggal ngagelar samak ari nikah mah kudu ngagelar imah

abantea 29th January 2008 12:44

Quote:

Originally Posted by abantea (Post 992749)
Bedana kawin jeung nikah...????

Rek dijawab we kusorangan......

Lamun kawin mah....make aurat, lamun nikah make surat....lain kitu???? :lol:

herdianz 29th January 2008 12:45

Quote:

Originally Posted by abantea (Post 992542)
Baheula mah masih " pandangan hidup "....., mun ayeuna mah : pegangan hidup "........

Mun nu teu ngarti hartina sakolana can lulus.....

pandangan hidup : dengan memandang nu handap hidup
pegangan hidup : di pegang jadi hidup , xixixixi

ceuk kolot oge apan hirup mah neangan liang, mun paeh neangan elap
xixixi :D


*kabuur*

kangacil 29th January 2008 18:31

Quote:

Originally Posted by herdianz (Post 992948)
pandangan hidup : dengan memandang nu handap hidup
pegangan hidup : di pegang jadi hidup , xixixixi

ceuk kolot oge apan hirup mah neangan liang, mun paeh neangan elap
xixixi :D


*kabuur*

boa boa anu kang aban mah tos " Perjuangan Hidup ".......xixixixixixixixi

abantea 29th January 2008 22:41

Quote:

Originally Posted by kang acil (Post 994996)
boa boa anu kang aban mah tos " Perjuangan Hidup ".......xixixixixixixixi

Acan ari nepi ka dinya mah........dina enya na ge pan ayeuna mah loba " pil biru " tea.........tinggal neangan ti si AHONG, A LIONG , AKONG, A nanahaon, diantar pula se Bandung Raya.....he...he...he...:lol:

Bibal 30th January 2008 10:18

enya bluemoon nu serasa honeymoon trus

Eagle_eyes 30th January 2008 10:37

sono uy ka bandung baheula.......... isuk2 bisa keneh ninggali ibun.... lempang ka sakola suku baraseuh ku cai ibun anu nyangkrung dina jukut. ayeuna? isuk2 geus gandeng ku knalpot. boro2 aya cai ibun, nu puguhmah pinuh ku haseup knalpot we.
baheula mah tong boro beda RT, beda kampung ge jelema warawuh keneh. ayeuna, kadang jeung tatangga sabeulah ge teu apal ngaranana saha
ceurik urang..................

herdianz 30th January 2008 11:19

Quote:

Originally Posted by Eagle_eyes (Post 1002103)
sono uy ka bandung baheula.......... isuk2 bisa keneh ninggali ibun.... lempang ka sakola suku baraseuh ku cai ibun anu nyangkrung dina jukut. ayeuna? isuk2 geus gandeng ku knalpot. boro2 aya cai ibun, nu puguhmah pinuh ku haseup knalpot we.
baheula mah tong boro beda RT, beda kampung ge jelema warawuh keneh. ayeuna, kadang jeung tatangga sabeulah ge teu apal ngaranana saha
ceurik urang..................

alah kang sarua ... saya ge indit sakola sok berkabut keneh baheula mah ...
tatangga sa RW wawuh kabeh ...

i miss u bandung jadul :bigcry:

Eagle_eyes 30th January 2008 11:31

hayang pangih jeung kaayanaan jiga kitu deui teh ayeuna mah kudu ka pasisian...

herdianz 30th January 2008 11:41

bandung tea atuh, sorga keur kuring mah ...

cenah mun di sorga aya sungai-sungai yang di dalamnya mengalir susu dan madu ..
di bandung oge aya tah nu kitu teh ... tuh di cikapundung, mengalir Bajigur di dalamnya ...

koeya_bathox 30th January 2008 12:06

Quote:

Originally Posted by herdianz (Post 1003199)
bandung tea atuh, sorga keur kuring mah ...

cenah mun di sorga aya sungai-sungai yang di dalamnya mengalir susu dan madu ..
di bandung oge aya tah nu kitu teh ... tuh di cikapundung, mengalir Bajigur di dalamnya ...

lamun susu di sariblack lin?

herdianz 30th January 2008 12:08

Quote:

Originally Posted by koeya_bathox (Post 1003266)
lamun susu di sariblack lin?

sanes kang, di Pangalengan eta mah :D

Bibal 30th January 2008 12:52

oh susuna di kalengan
meh awet ya

herdianz 30th January 2008 12:53

Quote:

Originally Posted by Bibal (Post 1003914)
oh susuna di kalengan
meh awet ya

enya bener, ngan angger we hanyir na mah ...

Eagle_eyes 30th January 2008 13:03

hanyir nyak kang? can nyobian ahhh

register 31st January 2008 07:08

Bandung tempo dulu lebih nyaman dari sekarang
 
dulu mah bandung bener2 nyaman, kagak ada kemacetan, udara sejuk segar, orangnya ramah2, aman, lebih banyak pohon.

sekarang? waduh, jadi ga nyaman gini ya?

FIM 31st January 2008 08:43

Quote:

Originally Posted by detikk (Post 1013478)
dulu mah bandung bener2 nyaman, kagak ada kemacetan, udara sejuk segar, orangnya ramah2, aman, lebih banyak pohon.

sekarang? waduh, jadi ga nyaman gini ya?

Ah ceuk saha??Bdng ma angger wae ah ngeunah

hishigi-mibu 31st January 2008 10:04

angger we betah kuring mah da imah sorangan

FIM 31st January 2008 10:05

Quote:

Originally Posted by hishigi mibu (Post 1014617)
angger we betah kuring mah da imah sorangan

:iagree::iagree::iagree:

Bibal 31st January 2008 11:12

ya iya lah
namanya juga hirup
masa stagnan...

*cape deh :D

herdianz 31st January 2008 11:21

ah No komen we ulang mah ...


All times are GMT +8. The time now is 09:18.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.