DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   Kaulinan Barudak Jaman Baheula (http://forum.detik.com/showthread.php?t=4567)

cep.otsmar1 23rd November 2007 17:40

Nyarekan ku pak tani bare angacung2 keun pacul atawa bedog..
bari diudag..

sinyoh 23rd November 2007 17:48

mawa arit,...si pa tani na teh namina mang Oim,....inget keneh weeee...harita tah...:lol:

Ulukutek Leunca 23rd November 2007 17:50

Quote:

Originally Posted by sinyoh (Post 207551)
wahhh nu paling dipikareuseup ku abdi mah baheula sok mulung langlayangan anu ngaradu ,,,,..lulumpatan dina galengan sawah batur nu anyar tanur,.....mun langlayanganana kabeneran muragna di tengah sawah ... jlung jleng barudak jeung kuring eta luncat ka tengah sawah nu anyar di tanuran tea,....:lol:

leutak we hungkull balik teh,...carekan weh ku kolot,...:lol:

puguh atuh ieu mah kaulinan sapaket biasana mun teu gaduh acis moal ngarenghik nyuhunkeun langlayangan kantun kasawah, moro we haratis bari nyandak jeujeur sareng urek, mulang teh tiasa nyandak langlayangan, belut sareng lauk, mun ngusep teu weleh seu'eur tah kengeng laukna lantaran abdi mah 2 nyandak jeujeurna 1 di anclomkeun ka susukan 1 deui kabalong matak teu weleh seu'eur laukna, tapi kapok dibeberik kunu boga balong bari ngacungkeun bedog mah :getok::getok:

sinyoh 23rd November 2007 17:52

Quote:

Originally Posted by Ulukutek Leunca (Post 207798)
puguh atuh ieu mah kaulinan sapaket biasana mun teu gaduh acis moal ngarenghik nyuhunkeun langlayangan kantun kasawah we moro we haratis bari nyandak jeujeur sareng urek, mulang teh tiasa nyandak langlayangan, belut sareng lauk, mun ngusep teu weleh seu'eur tah kengeng laukna lantaran abdi mah 2 nyandak jeujeurna 1 di anclomkeun ka susukan 1 deui kabalong matak teu weleh seu'eur laukna, tapi kapok dibeberik kunu boga balong bari ngacungkeun bedog mah :getok::getok:

waaaaaaahhhaaaaaaaa.....haaaaaaaa......

atuda balong batur deur di useupan,......sanes di wahangan atuh Kang...:lol:

hishigi-mibu 23rd November 2007 17:53

sakalian we dibedahkeun ateuh

cep.otsmar1 23rd November 2007 17:55

Quote:

Originally Posted by sinyoh (Post 207766)
mawa arit,...si pa tani na teh namina mang Oim,....inget keneh weeee...harita tah...:lol:

di teun kuring mah Mang Sabri..
Eta keur budak pang dipikasieuna..
Galak pisan.. ari pas keur ngudag2 di cegat ku bapak na budak...
diajak gelut.. eh ..
jadi si emang na anu balik deui... teuing eraaeun ku Bapak na budak.. teuing teu wanieun...

Ulukutek Leunca 23rd November 2007 17:58

Quote:

Originally Posted by sinyoh (Post 207819)
waaaaaaahhhaaaaaaaa.....haaaaaaaa......

atuda balong batur deur di useupan,......sanes di wahangan atuh Kang...:lol:

kreatip etateh
maklum lah kenakalan anak-anak

sinyoh 23rd November 2007 18:06

Quote:

Originally Posted by Cep.Otsmar (Post 207848)
di teun kuring mah Mang Sabri..
Eta keur budak pang dipikasieuna..
Galak pisan.. ari pas keur ngudag2 di cegat ku bapak na budak...
diajak gelut.. eh ..
jadi si emang na anu balik deui... teuing eraaeun ku Bapak na budak.. teuing teu wanieun...

eraeun sugan Kang,..:lol:

Teun abdi mah nu galak tur rada teu saeundan uteukna aya tah namina teh Mang Anangg......beeeeeeuuhh..etamah mun ngudag teh moal aya lirenna,...mun teu lumpat ka bumi mah moal salamet tina pangebugna we lah,...:lol:

Kapok kuring harita gara-gara nga gebahkeun munding na nuju di mandian caritana teh ku mang Anang keur dimandian eta munding teh...ku abdi jeung barudak di Guk--guk...an ( pan ceuk beja mah munding mah sieuneun ku sora A***ng anu ngagog-gog)...ah da dasar keur budak ieuh ...di cobaan we tah ku abdi di gog-gog...Naaaaaa ari karak ge opat kali ngagog-gog...belenyenggggg weee eta munding teh ( aya tilu ) mangpret sadayana ka belah lebak jalan.....Eta mang ANang teu antaparah deui ...pecut paragi munding teh di gebotkeun kana bitis abdi mani Pereeeeeeessssss pisan....tungtungnamah abdi jeung barudak malangprettt lumpat ka belah tonggoh...bari jeung peres bitis rerempodan,....ari mang Anang namah sigana tha hayang ngudag,,..tapi ari ngudag da kumaha meureun dan munding satilu-tilu jarauh lumpat ka lebak,....tungtungnamah mang Anang ngudag mundingna.....:lol:

asgartea 26th November 2007 14:13

:lol:
Katingali euy barudak DF regional Bdg teh keur leutikna bararaong :getok:

Sayah mah baheula mun teu boga gelasan jang maen langlayangan, sok "ngabedol" gelasan batur, nu karek eleh ngadu langlayangan :getok:. Babaturan mah tepi ka aya nu raheut leungeun-na pedah nu karek eleh teh make kincir ngagulungan-na. Mun sayah mah atuh make gunting, bari cicing di luhureun kenteng. :D Mun geus digunting, diantepkeun heula 15 menit, da nu bogana sieun datang, heu... heu... Mun kaayaan geus aman, kakara dipulut.

Tah... mun aya langlayangan eleh, terus bola-na panjang, sok tara diboro ku sayah mah. Nu boga na teh sok datang, terus dipenta deui eta langlayangan teh jeung gelasan-na, pajarkeun mah di-sasar ceunah. Kalahkah cape hungkul weh nu kitu mah.

cep.otsmar1 26th November 2007 14:42

Alah Mang Sinyoh... hade geuning urang teh boga pangalaman teu jauh beda..
ngan beda na teh Mang Sinyoh mah pernah dipecut kana bitis.

mang Asgar, aya istilahna ari anu sok motongan geulasan batur teh... naon nya? poho deui


All times are GMT +8. The time now is 15:17.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.